Media Pengendalan Budaya Sunda

Berguna Untuk Pengenalan Budaya Asli Suku Sunda

Media Pembelajaran Aksara Sunda

Didalam Blog Ini Berisi Tentang Bagaimana Belajar Penulisan Aksara Sunda

Informasi Berita Tebaru Tentang Budaya Sunda

Memberikan Informasi Terbaru Tentang Budaya Suku Sunda

Sebagai Media Pembelajaran Mapel Bahasa Sunda

Blog Memuat Berita Tentang Materi Pembelajaran Siswa Mata Pelajaran Bahasa Sunda

Minggu, 20 November 2022

 Sasakala Sukabumi

Jaman baheula, wilayah Priangan Barat kaasup ka wilayah Kadipatén Pamingkis. Kadipatian ieu dipingpin ku saurang dipati ngaranna Rangga Bitung jeung istrina Nyai Puntung Mayang. Harita waktu Karajaan Banten jeung Karajaan Cirebon nyerang Karajaan Pajajaran, wilayah Pamingkis kakeunaan ku balukar tina panyeranganna. Harita, Bupati Rangga Bitung maot sedeng istrina, Nyai Puntung Mayang nu keur ngandeg disalametkeun ku saurang Jaro (lurah) nyaéta Loa. Ku Jaro Loa, Nyai Puntung Mayang dibawa ka kampung nu aya di suku gunung Sunda, teu jauh ti Palabuan Ratu.

Salila di jalan rék ka Gunung Salak, di daérah Cibadak, Jaro Loa jeung Nyai Puntung Mayang manggih orok. Tuluy éta orok dibawa, dibéré ngaran Wangsa Suta. Satepina di Gunung Salak, Nyai Puntung Mayang ngalahirkeun orok awéwé, ngaranna Pudak Arum anu waktu geus gedé disebut Nyai Tanduran atawa leuwih katelah ku sebutan Nyai Pudak Arum Saloyang.

Wangsa Suta geus jadi jajaka nu gagah tur kasép. Laku lampahna wijak, miboga karisma, jeung katempona lain bandingan jajaka nu saumuranana. Kitu ogé jeung Nyai Pudak Arum, geus jadi mojang nu kacida geulisna. Ku sabab duanana gedé di tempat nu sarua, ti leutik nepi ka gedé éta budak téh deukeut pisan. Beuki lila beuki deukeut, tuluy Jaro Loa jeung Nyai Puntung Mayang niat rék ngawinkeun Nyai Pudak Arum jeung Wangsa Suta.

Saméméh Wangsa Suta ngalamar Nyai Pudak Arum, manéhna ngumbara heula néang élmu agama sarta kasatriaan salaku bekel dina hirup rumah tanggana jaga. Sanggeus Wangsa Suta indit, Nyai Pudak Arum kamana-mana nyorangan, manéhna ngarasa sedih. Najan kitu, kageulisan Nyai Pudak Arum sumebar ka mana-mana nepi ka loba nu datang ngalamar tapi ditampik ku Nyai Pudak Arum sabab nungguan Wangsa Suta.

Diantara nu ngalamar éta, aya hiji demang ngaranna Radén Kartala ti Mangkalaya, penaséhatna nitah manéhna sangkan maténi Nyai Pudak Arum. Teu lila, Nyai Pudak Arum diculik, tapi Wangsa Suta datang tuluy gelut jeung anak buahna Radén Kartala. Saméméh gelut, Wangsa Suta nitah Nyai Pudak Arum supaya indit ka Gunung Parang nepi ka aya padukuhan nu miboga pakujajar lima dahan. Hanjakal, Radén Kartala apaleun tuluy mawa Nyai Pudak Arum ka Pulau Putri di Pulau Seribu.

Wangsa Suta kuciwa waktu nyaho yén Nyai Pudak Arum euweuh di Gunung Parang, manéhna ménta tulung ka Rési Saradéa. Wangsa Suta dititah nyieun padukuhan di suku gunung Parang, sanggeus loba jalma ka éta tempat, Wangsa Suta bisa panggih deui jeung Nyai Pudak Arum. Sanggeus loba nu datang ka éta tempat, masarakat loba nu nyebut “suka di bumi” nu hartina resep cicing di imah. Wangsa Suta jeung Nyai Pudak Arum panggih deui tuluy nikah. Lila kalilaan, “suka di bumi” ganti jadi Sukabumi nepi ka ayeuna.


 4.2.15.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Sukabumi

1) Téma

Téma anu aya dina dongéng Sasakala Sukabumi nyaéta ngeunaan asal-usul karajaan di hiji wewengkon.

2) Palaku

Palaku anu kacaritakeun dina ieu dongéng nyaéta:

-       Rangga Bitung, teu kacaritakeun kumaha kahirupanana sabab waktu Karajaan Banten jeung Karajaan Cirebon nyerang Karajaan Pajajaran, wilayah Pamingkis kakeunaan,nepi ka Bupati Rangga Bitung maot.

-       Nyai Puntung Mayang, pamajikan Rangga Bitung. Waktu penyerangan, Nyai Puntung keur kakandungan tapi salamet tuluy disalametkeun ku lurah Loa/ Jaro Loa dibawa ka Gunung Sunda di Palabuan Ratu.

-       Lurah Loa/ Jaro Loa, miboga sifat anu daék silih tulungan.

-       Wangsa Suta, orok beunang manggih Jaro Loa jeung Nyai Puntung Mayang waktu maranéhna rék indit ka Gunung Sunda. Nyai Puntung jeung Jaro Loa manggih éta orok di Cibadak tuluy dirawat nepi ka gedéna. Wangsa Suta jadi jajaka nu gagah tur kasép. Laku lampahna wijak, miboga karisma, jeung bawaanna katempo lain dibanding jajaka nu saumuranana.

-       Pudak Arum/Nyai Tanduran/Nyai Pudak Arum Saloyang, anakna Nyai Puntung Mayang. Nyai Pudak Arum miboga sifat anu sabar tur satia, katempo waktu kudu nungguan Wangsa Suta ngumbara néang élmu, Nyai Pudak Arum nungguan tur nampik sakabéh anu datang ngalamar manéhna.

-       Radén Kartala salaku Daéng ti Mangkalaya, manéhna ngalamar Nyai Pudak Arum tapi ditampik tuluy diculik rék dipaténi sabab teu narima yén manéhna ditampik.

3) Latar

Latar téh gambaran waktu, kaayaan, pajamanan, patempatan, lingkungan, jeung suasana. Latar anu dicaritakeun dina ieu dongéng leuwih kana latar patempatan, nyaéta:

-       Priangan Barat (Kadipatian Pamingkis) tempat Rangga Bitung jeung Nyai Puntung Mayang cicing.

-       Karajaan Pajajaran anu diserang ku Karajaan Banten jeung Cirebon.

-       Gunung Sunda, Palabuan Ratu tempat Jaro Loa jeung Nyai Puntung Mayang cicing sanggeus kajadian diserangna Karajaan Pajajaran.

-       Gunung Salak, Cibadak tempat Jaro Loa jeung Nyai Puntung Mayang manggih orok anu tuluy dingaranan Wangsa Suta sarta di dinya oge Nyai Puntung Mayang ngalahirkeun Nyai Pudak Arum.

-       Gunung Parang, tempat Wangsa Suta jeung Nyai Pudak Arum panggih sanggeus lila papisah.

4) Galur

Galur anu digunakeun dina ieu dongéng nyaéta galur maju. Dina ieu dongéng dicaritakeun ti mimiti kaayaan di Kadiapatian Pamingkis nepi ka masalah Karajaan Banten jeung Cirebon anu nyerang ka Karajaan Pajajaran tuluy kana kahirupan Nyai Puntung Mayang sarta Wangsa Suta jeung Nyai Pudak Arum anu kudu papisah lila.

4.2.15.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Sukabumi

Ajén moral anu kapanggih dina ieu dongéng nyaéta ngeunaan kayakinan. Lamun kayakinan urang dina jalan anu hadé, tangtu aya jalan sangkan naon anu dipikahayang bisa ngawujud. Katilik nalika Wangsa Suta yakin yén Nyai Pudak Arum bakal jadi jodona, manéhna ngalakukeun hal anu hadé, nepi ka ahirna manéhna bisa panggih deui jeung Nyai Pudak Arum.

Salian ti éta aya ogé ngeunaan kasatiaan. Kasatiaan anu bisa ditempo tina naon anu dilakukeun ku Nyai Pudak Arum anu nampik sakabéh anu ngalamar ka manéhna sabab manéhna nungguan Wangsa Suta balik ti pangumbaraan.

 

Sabtu, 19 November 2022

                                                                                    DONGENG

Dongéng sok disebut ogé carita atawa babad anu nétélakeun kumaha kajadian hiji hal nu aya di masarakat hiji nagara atawa carita/karya balaréa. Pangna dongéng téh sok disebut karya balaréa lantaran teu kanyahoan saha anu ngarangna (anonim) tur sumebarna sacara lisan sarta geus teu ahéng lamun tina hiji dongéng mibanda rupa-rupa vérsi. Eusi dongéng umumna ngawengku ulikan moral, contona lamun jalma bener geus tangtu meunang pahala, jalma salah tangtu meunang cilaka; sangkan maksud tinekanan kudu ngagunakeun akal atawa kudu hirup sauyunan ngarah répéh-rapih.

Dongéng téh kaasup kana golongan carita, umumna carita anu parondok. Dina dongéng, sok aya bagian anu pamohalan, upamana dina jalan caritana, palakuna, atawa waktu kajadianana. Nurutkeun susunan basana, dongéng kaasup kana wangun lancaran (prosa), tapi sakapeung-kapeung osok diselang ku wangun ugeran (puisi) anu disebut kawih (Yus Rusyana, 1978, kc. 18).

Wanda karangan dongéng, tangtu baé lisan. Hartina, sumebarna jeung média basana ngaliwatan lisan, tatalépa, tuturan, ngandelkeun oral-audio jeung tara kapaluruh saha nu ngarangna (Isnéndés, 2010, kc. 25).

Dina Kamus Basa Sunda (KBS, 2006, kc. 113), dongéng nyaéta carita baheula, lolobana pikeun barudak, biasana loba pamohalanana. Dina KBBI 2005, dongéng (legenda, dongéng) mangrupa carita jaman baheula anu aya hubunganana jeung kajadian sajarah.

Iskandarwassid (1996, kc. 31), nétélakeun yén dongéng téh ngaran salasahiji golongan carita, dina wangun prosa (lancaran). Sakapeung sok kaselapan bagian anu dikawihkeun, umumna parondok. Turun-tumurunna jeung sumebarna ku cara lisan. Tara kapaluruh saha-saha pangarangna atawa anu nyiptana. Nilik wandana jeung eusina dongéng téh kaasup rékaan baheula. Patempatan anu jadi latarna mindeng tétéla gambaran kaayaan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk-mahluk séjénna. Kajadian-kajadian caritana sakapeung karasa pamohalan, corak rékaan heubeul anu mindeng ngolah siloka atawa alégori pikeun mungkus téma.

Numutkeun Danandjaja (2007, kc. 83),

Dongeng adalah cerita pendek kolektif kesusastraan lisan, dan cerita prosa rakyat yang tidak dianggap benar terjadi. Dongeng diceritakan terutama untuk hiburan, walaupun banyak juga yang melukiskan kebenaran, berisikan pelajaran (moral) atau bahan sindiran.”

Tina pedaran sababaraha tokoh di luhur ngeunaan dongéng, bisa dicindekkeun yén dongéng téh nyaéta karya sastra prosa heubeul dina wangun lisan, carita atawa babad anu nétélakeun kajadian hiji hal anu aya di masarakat, biasana ngandung unsur pamohalan dina unggal eusina, sakapeung sok kaselapan bagian anu dikawihkeun, tur tara kapaluruh saha-saha pangarangna atawa anu nyiptakeunana.

Nurutkeun Tamsyah (1996, kc. 121) nétélakeun dumasar kana eusina, dongéng téh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan, nyaéta (1) dongéng sasatoan; (2) dongéng sasakala (legénda); (3) dongéng babad (sage); (4) dongéng jelema biasa (parable); (5) dongéng paranabi/wali; (6) dongéng pieunteungeun; (7) dongéng pamuk.

Nurutkeun Yus Rusyana (1978, kc. 19), mun dipasing-pasing dongéng téh bisa dijieun sababaraha golongan, di antarana (1) dongéng anu nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna jeung dina sajarahna; (2) dongéng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan; (3) dongéng anu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan; (4) dongéng anu nyaritakeun mahluk ciciptan.

Béda deui jeung Isnendes (2010, kc. 25), jenis-jenis dongéng nyaéta: fable (dongéng sasatoan), pamuk (dongéng jalma-jalma nu teu ilahar), mite (dongéng kadéwaan atawa jalma nu dianggap mistis; suci), sagé (dongéng kapahlawanan), lagénda (dongéng nu patali jeung kasajarahan tapi palakuna jalma biasa), sasakala (dongéng asal-muasal tempat), jeung jurig (dongéng nu patali jeung mahluk lemes).

1.      Dongéng Sato

Dongéng sato nyaéta dongéng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana baé bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran. Contona dongéng-dongéng “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet” atawa dongéng-dongéng “Sakadang Peucang”. Éta dongéng-dongéng téh bisa jadi mangrupa dongéng sasatoang pituin urang Sunda.

2.      Dongéng Sasakala (Legénda)

Dongéng sasakala nyaéta dongéng anu nyaritakeun asal-muasalna kajadian hiji tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan. Contona dongéng “Sasakala Situ Bagendit”, “Asal Mula Nagara Baduy”, “Sasakala Maung Sancang”, jrrd.

Legénda téh nyaéta golongan carita anu geus turun-tumurun, sumebar, sarta ku balaréa diaranggap mibanda dasar kasajarahan; atawa sakumna carita wanda kitu anu geus jadi milik sagolongan masarakat (Iskandarwassid, 1996, kc. 74).

 

3.      Dongéng Babad (Sagé)

Dongéng babad nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Iskandarwassid (1996, kc. 132) nétélakeun yén mimitina mah sage téh nyaéta dongéng atawa carita peperangan di nagara Skandinavia di jaman pertengahan, umumna nyaritakeun carita lagéndaris ti kaum Skandinavia; atawa carita panjang anu eusina kapahlawanan.

4.      Dongéng Jalma Biasa (Parabel)

Dongéng parabel nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun jalma biasa anu aya dina kahirupan sapopoé; kahirupan jalma di masarakatna. Conto anu paling kamashur dina sastra Sunda nyaéta dongéng-dongéng “Si Kabayan”.

5.      Dongéng Paranabi/Wali

Carita paranabi téh kaasup kana mite nyaéta carita anu eusina patali jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelemut atawa hal-hal anu gaib. Dongéng mite sorangan miboga harti nyaéta dongéng anu palakuna supranatural, make latar tempat suci jeung dina mangsa purba.

Bascom (dina Danandjaja, 2002, kc. 50-51) nétélakeun yén:

Mite adalah cerita prosa rakyat yang dianggap benar-benar terjadi dan dianggap suci oleh yang empunya cerita. Mite ditokohi oleh para dewa atau mahluk setengah dewa. Peristiwa terjadi di dunia luar atau di dunia yang bukan yang seperti kita kenal sekarang, dan terjadi pada masa lampau.

Mite pada umumnya mengisahkan terjadinya alam semesta, dunia, manusia pertama, terjadinya maut, bentuk khas binatang, bentuk tofografi, gejala alam, dan sebagainya. Mite juga mengisahkan petualangan para dewa, kisah percintaan mereka, hubungan kekerabatan mereka, kisah perang mereka, dsb.

 

6.      Dongéng Pieunteungeun

Dongéng pieunteungeun di dieu nya éta dongéng anu eusina mangrupa tuladan pikeun manusa. Bisa dongéng sasatoan, dongéng jalma biasa, jeung sajabana.

 

Nurutkeun Faturohman (1983) dina Tamsyah, spk. 1996, kc. 216) unsur nu aya dina dongéng téh aya opat unsur nyaéta: téma, galur, palaku, jeung latar. Aya kalana latar tempat jeung latar waktuna ogé ngandung unsur pamohalan, anaroksimeu, atawa henteu luyu jeung kanyataan sajarah.

Stanton (dina Isnéndés, 2010, kc. 92) nétélakeun yén karya fiksi sastra wangun prosa unsur-unsurna diwangun ku: (1) tema; (2) fakta carita (galur, tokoh jeung latar); jeung (3) sarana carita (sudut pandang, gaya basa jeung suasana, simbol-simbol, imaji, judul).

Prosa fiksi sastra di dieu nyaéta carita rékaan dina wangun lancaran, saperti carita pondok, dongéng, jeung novél. Unsur-unsur prosa fiksi anu bakalan dipedar dina ieu panalungtikan nyaéta: téma, palaku, ggalur, jeung latar.

1.       Tema téh nyaéta inti pikiran atawa ideu pikok carita nu digelarkeun ku pangarang dina karyana.

2.     Palaku atawa tokoh carita nyaéta ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalakon dina carita (dongéng, carita pondok, novel, carita pantun, jeung wawacan) atawa drama. Loba saeutikna palaku dina carita, gumantung kana kabutuh caritana. Dumasar kana kalungguhanana dina carita, palaku téh bisa dibagi  jadi tilu rupa:

(1)  Palaku utama; disebut ogé protagonist, nyaéta palaku anu nyekel peran utama ti awal nepi ka ahir. Masalah atawa kajadian dina carita téh museur ka dirina.

(2)  Palaku kadua; palaku anu marengan, maturan, atawa jadi lawan palaku utama. Upama éta palaku kadua téh lawan palaku utama, sok disebut antagonis. Hubungan jeung palaku utama sok raket pisan saperti sobat dalit atawa kabogoh, bisa ogé anu teu wawuh-wawuh acan.

(3)  Palaku tambahan, nyaéta parapalaku anu peranna teu pati penting. Biasana palaku tambahan dipikabutuh pikeun ngalancarkeun carita, ngahirupkeun suasana, nonjolkeun karakter palaku utama atawa palaku tambahan, malah bisa jadi ngan ukur ngaliwat wungkul.

Pasipatan hiji jalma téh, biasana raket patalina jeung kaayaan sosialna. Cindekna, palaku téh mangrupa tokoh dina carita nu ka bagi jadi tilu nyaéta palaku utama, palaku kadua, sarta palaku tambahan nu sakapeung ayana ngan ngaliwat wungkul (Tamsyah, spk. 1996, kc. 217).

3.   Latar. Anu disebut latar atawa setting téh, nyaéta gambaran waktu, kaayaan pajamanan, patempatan, lingkungan, suasana, jsté. anu ngalataran kajadian carita. Tegesna mangrupa salasahiji komponén dina adegan karangan. Merenah henteuna milih latar jeung ngadéskripsikeunana milu nangtukeun ajén karangan (Iskandarwassid, 1996, kc. 74).

Latar téh aya dua rupa nyaéta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat nuduhkeun di mana kajadianana, ari latar waktu nuduhkeun iraha kajadianana.

Latar tempat biasana dicaritakeun dina awal-awal carita. Dina dongéng-dongéng katut carita heubeul séjénna, biasana sok disebut bareng jeung latar waktuna. Dina carita-carita prosa fiksi kiwari, sakapeung latar waktu téh henteu ditembréskeun ku pangarang saperti latar tempatna. Aya kalana latar tempat téh mangrupa unsur penting dina carita (Tamsyah, spk. 1996, kc. 219).

4.     Galur atawa plot dina karya sastra miboga harti: rakitan (struktur) rupaning kajadian carita, nepi ka ngawujud jadi leunjeuran carita, boh mangrupa fiksi boh drama. Kajadian carita raket pisan patalina jeung palaku carita: kajadian téh apan keur gambaran palaku; atawa, ari palaku téh apan ngawatesanan kajadian (Iskandarwassid, 1996, kc. 112).

Galur atawa plot téh nyaéta runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita. Cara midangkeunana diluyukeun jeung tujuan anu hayang dihontal ku pangarangna. Ditangtukeun heula pandeurina, hubungan kajadian nu hiji jeung kajadian séjénna, jeung sajabana.

Galur umumna diwangun ku:

(1)  bubuka, disebut ogé manggalasastra nyaéta bagian anu nyaritakeun latar tempat, waktu, katut palakuna.

(2)  muncul masalah; sanggeus réngsé bagian bubuka, carita bagerak nepi ka timbul masalah (konflik).

(3)  masalah muncer; masalah téh mimiti ngarékahan, ngalobaan, atawa ngajeroan, nepi ka muncerna.

(4)  ngaréngsékeun masalah; masalah nu aya mimiti diréngsékeun.

(5)  pungkasan carita; biasa disebut ogé denouement, mangrupa tungtung kajadian carita. Rupaning rusiah geus nembrak, nu hianat geus katohyan, pacengkadan geus lubar, kapanasaran geus dilakonan, jeung sajabana.

Galur carita henteu salawasna ngaguluyur, biasana dumasar kana wandana anu kabagia jadi tilu, nyaéta:

(1)  Galur mérélé; galur carita anu ngaguluyur ti bagian ka bagian, ti mimiti manggalasastra nepi ka pungkasan carita.

(2)  Galur bobok tengah; henteu ngagunakeun manggalasastra atawa bubuka.

(3)  Galur mundur; carita téh dimimitian ku bagian pamungkas.

Urang bisa nangtukeun atawa nerangkeun galur upamana geus maca sagemblengna carita.

 

 Mama Lurah Sakti Ngubaran Panyakit Teluh

            Ieu mah sumberna ti Hj. Siti Asiah alm (75) taun 1990-an. Di sagigireun wacis ku ajian, Mama Lurah ogé sakti dina widang tatamba, utamana nambaan anu gering lantaran panggawé deungeun. Hal ieu dibuktikeun ku hiji masarakat désa nu kungsi diubaran ku anjeunna. Kieu dongéngna mah.

            Warga anu diubaran téh bujang kasép ngalempéréng konéng. Kangaranan bujang baheula, ketak anjeunna téh geus kaitung lampar, lébér wawanén, jeung boga wibawa. Anjeunna téh tokoh pergerakan pemuda anu nangtang pamaréntah Walanda. Lantaran nguruskeun teuing organisasi, rumah tangga mah kapohokeun. Umur 25 taun 1926-an anjeunna can rimbitan kénéh. Lain teu euweuh wanoja nu daékeun, tapi nya éta kapopohokeun ku organisasi (harita Masyumi).

            Bari masantrén anjeunna sok jualan barang, dikiriditkeun. Enya ogé turunan menak, tapi teu ngamenak ka turunan anjeunna mah. Jualan barangna téh nepi ka Cicurug (Sukabumi kénéh). Nu ditéanganna lain sakur kauntungan matéri wungkul, tapi bari kauntungan rohani bari jadi juru telik organisasi.

            Di Cicurug anjeunna diaku ku hiji tokoh masarakat anu kagungan pasantrén. Tur ahirna éta tokoh téh kapincut ku anjeunna, dugi ka dirérémokeunana ka putrana nu istri. Tariking jodo, anjeunna nikah jeung éta béntang pasantrén.

            Horéng simanahoréng, aya anu sirik jail kaniaya ka anjeunna téh. Sanggeus  istrina dicandak ka Nagrak, teu mangkuk lila aya nu ngirim barang ka istrina. Ceuk nu jadi utusan, éta barang téh hadiah keur aranjeunna, bari teu disebutkeun ti saha-sahana mah.

            Barang peti dibuka, geblegan brukrat pikabayaan jeung sinjang kebat mani ngentep. Aralus naker. Ngan anéhna anjeunna nu muka éta peti garo ganyang salirana. Ateul luar biasa. Béak ateul datang peurih nu pohara, tepi ka sabulu-bulu anjeunna ngaluarkeun getih gegeblegan.

            Atuh tangtu baé istrina téh reuwaseun pisan. Kudu kumaha nya laku ngan bingung nu aya. Dicandak ka mantri teu aya kawarasan, ka dokter nya kitu kénéh. Bapana sanajan teu percaya ka Mama Lurah antukna ngumaha. Nya sanggeus aya kana sapuluh poéna nu gering nandangan panyawat jieunan, ahirna diubaran ku Mama Lurah Sakti.

            Teu pira cenah ngubaranna téh ku daun cau. Poé Jumaah cenah diubaranna téh. Sanggeus dimandian diajian ku Mama Lurah di gigireun imah, tuluy nu gering téh dituruban ku daun cau, nepi ka buni pian. Éta daun cau téh dibanjur ku Mama Lurah ku cai beunang ngajad. Teu lila ti harita, geti ngalembereh ka luareun daun cau tuluy kaserep ku taneuh sakurilingna.

            Geus kitu mah daun cau dibuka ku Mama Lurah, nu gering jagjag deui sabihara-bihari deui. Teu aya geti dina sabulu-buluna. Teu aya tapak rodék tapak ateul dina salirana.

            Nurut kana papatah Mama Lurah, peti barang téh dikirimkeun deui ka nu bogana, bari aranjeunna (nu keuna ku teluh) kudu ngahampura kana tingkah lakuna. Da lain salah cenah manéhna téh, ngan poho wé ka purwadaksina, asa direbut bebenena, duriat mah sok hésé leungitna meureun.

 

 

 

 

 

Informan: Chye Retty Isnendes (39 taun)

 Pangcalikan

Di ahir baring, isuk jaganing géto, boa ku manéh jeung anak incu maranéh kaalaman, yén aya uga yén di Pangcalikan bakal ramé didatangan ku jalma ti mana-mendi. Ménak-ménak jeung para somah bakal tingalabring ka Pancalikan nénjo jeung bakal lalayaran di Situ Cikawung nu disebut Leuwi Tunjung. Ménak-ménak bakal ngajalajar dina korsi minuhan pasiran Pangcalikan.

Situ anu disebut Leuwi Tunjung ayana lebakeun Pangcalikan. Pangna jadi Leuwi, sabab wahangan Cikawung téh kapendet ku urug hilireun curug Cikawung. Curug Cikawung peupeuntasan ka lembur Cikawung, satukangeun curugna aya liang anu parat ka Palabuhan Ratu. Maranéh ulah wani-wani uli ka curug Cikawung sabab éta curug téh jadi tempat anu angker kiwari mah. Legana situ anu jadi Leuwi Tunjung téh sapanjang legok Pangcalikan. Nu matak mahi jang lalayaran.

Ku naon pangna disebut Wahangan Cikawung? Sabab harita dina sirah cai aya kawung awisan. Anu sakapeung katempo sakapeung henteu (awis katingalna). Béh dieukeun aya sesepuh di Désa anu dipercaya yén manéhna kungsi ngawénéhankeun kawung awisan di sirah Cikawung, tangkalna gedé jangkung, gomplok dahana ngarampidak munian sirah Cikawung. Lamun saré tiluan dina dopangna mahi moal ragrag (dopang téh puhu dahan).

Ceuk sepuh, éta kawung awisan téh mun disadap gulana sok dibawa ajangkeuneun ka Palabuhan Ratu. Unggal tas nyitak gula, sabangsaning parabot pikeun nyitak sapert katél, cocolék caman, citakanna bakal dikumbah di Leuwi Tunjung. Tah jadi Si Leuwi téh salian ti dipaké pikeun lalayaran, ogé dipaké pikeun ngrimkeun gula ka Palabuhan Ratu.

Wahangan Cikawung, sanggeus ayana Leuwi Tunjung moal ngocor ka hilir saperti ayeuna, ngocorna atawa pamiceunana bakal ngocor ka Cijabon. Nu ayeuna Wahangan Cijabon aya di kuloneun lembur Cikawung. Ti Leuwi Tunjung ngocor ka Cijabon, langsung ti Cijabon ngocor ka Palabuhan Ratu.

Raména pisan mah engké dimana geus aya parahu sakadomas, nu tarumpakna putri-putri anu gareulis. Parahu sakadomas téh maksudna parahu anu warnana kawas emas, bisa jadi dijieun tina emas. Layarna parahu domas téh sutera dewangga nu hibar cahayaan sing burilak. Putri-putri téh sok ngadu pageulis-geulis di Gunung Geulis. Ti Gunung Geulis aya cai anu ngocor, ayeuna disebut wahangan Cigunung Geulis. Sing saha mojang anu hayang geulis pék getol marandi di éta wahangan. Ari ti beulah Pangcalikan mah wahangan Cigunung Geulis ayana belah wétan.

Parahu sakadomas anu dipaké lalayaran ku putri-putri ti Wahangan Cikawun bakal neruskeun ka Cijabon, diiring ku aleutan parahu-parahu layar anu milu langsung ka Palabuhan Ratu. Waktu éta kabéh jalma kumpul ditempat anu disebut Pasar di Palabuhan. Pasar Palabuhan téh nya éta pasar di tengah laut Palabuhan.  Ramé luar biasa, sakabéh kesenian aya di dinya keur magelaran. Lian ti kesenian anu réa pisan, barang dangangan di dinya téh aralus kajaba marurah. Kabéh jalma pada harayang ka pasar éta téh. Anéhna, anu balanja saséneun angkaribung nanggung, nu balanja saperakeun mawana téh meunang dijingjing.

Pasar di Palabuhan anu pasarna di tengah laut nu raména soara kasenian nu disindénan dina lagu Sunda, diartisan nu gareulis. Sakabéh jalma racung ceulina, pangdéngéna diarahkeun ka dinya. Ti daratan aya jambatan lempeng ka arah Papaksar di tengah laut. Loba jelema ngaleugedeut kana jambatan muru pasar. Aya jalma anu ragrag tikecebur, aya ogé anu salamet tepi ka pasar.

Na ku naon atuh aya nu bisa tepi jeung teu tepi? Lain ku sabab heurin jambatanna, lain kusabab pasesedek deuih, tapi ragrag sotéh pédah di tengah jambatan aya dua pedang pasilang­-silang. Pedang éta téh terus subat-sabet ka luhur jeung ka handap teu eureun-eureun. Jalma nu kasabet ngagubrag ka laut lapur teu bisa nempo karaméan Pasar di Palabuhan. Ari anu milik bisa liwat tina pedang éta bakal bisa nempo karaméan Pasar Palabuhan téa, anu aya putri gareulis, ogé bisa balanja satanggungan ku duit nu ukur sasén.

                                                                     

 

 

 

 

 

 

 

 

 

  Informan: Bapa Oom Sudarma (75 taun)

 Sasakala Kancah Nangkub

Harita keur ramé-raména masa perjuangan. Pejuang sok badami atawa musawarah beulah lembur Wangun. Rupa-rupa badamina téh, bisa ngeunaan strategi, kakuatan peleton, jeung réa-réa deui.

Hiji mangsa deukeut Lapang Sinagar (taun 70-an diganti ngaranna jadi Lapang Cipta Karya) aya pamuda nyunyuhun kancah (katél gedé). Si pamuda anu nyunyuhun kancah téh katempoeun ku pajuang anu keur jaga atawa patroli (pan jagana rada jauh ti patempatan badami bisi aya patroli Walanda atawa séjénna jadi ngabéjaananana bisa béh dieu).

Si pamuda anu nyuhun kancah tuluy ditanya ku nu patroli téa.

“Arék ka mana, Jang? Maké nyunyuhun kancah sagala?”

“Puguh ieu kancah téh badé diical,” témbal si pamuda.

“Na keur naon maké dijual sagala?” nu patroli nanya deui.

“Pan abdi sakedap deui réngsé sakola” tembal si pamuda deui.

“Eéh sakola naon, jang?” nu patroli beuki panasaran. Tuluy si pamuda ngajawab deui.

“Sakola polisi, sakola CP (Civil Polisi, sakola tentara jaman Walanda).”

“Dieu atuh manéh ngilu ka dieu, teundeun wé kancah mah tangkubkeun tah di dinya di sisi jalan”.

Anu patroli ngajak ka pamuda. Si pamuda tuluy dibawa ka tempat pajuang baradami. Ti harita, si pamuda téh teu balik deui, Wallahu’alam dikumahakeun ku para pajuang harita, meureun dianggapna rék ngahianat kana perjuangan TRI.

Tah tempat palebah kancah anu nangkub ahirna mah dingaranan “Kancah Nangkub”. Kiwari kancahna mah teuing ka mana tapi tempatna mah angger wé ngaranna Kancah Nangkub.

 

 

 

Informan: Bapa Rd. Édi Supardi (67 taun)

Habli Rohmat Hadid. 2012. Inventarisasi Dongeng di Kacamatan Nagrak Kabupaten Sukabumi pikeun Bahan Ajar Ngaregepkeun di SMP.

 Sasakala Gunung Walat

Jaman baheula, aya dua budak adi-lanceuk, jeung indungna. Lanceukna Anggada ari nu bungsu ngaranna Anggayuda. Anggada miboga sipat kedul digawé tur jahat, sabalikna ari Anggayuda mah anakna rajin tur sabar.

Hiji poé, indungna ngomong ka anak-anakna nitah mawa cai jeung suluh ti leuweung sabab indungna unggal poé ka gunung ngahuma. Anggayuda mah rajin pisan néangan suluh di leuweung. Sanggeus meunang suluh tuluy balik saméméh lohor. Geus kitu mandi di leuwi sabari mawa ember pikeun ngala cai beresih.

Béda deui jeung Anggada nu masih kénéh ngagojod saré di imah. Tapi bakat ku licikna Anggada, nyaho yén indungna téréh balik, manéhna pura-pura kakara datang ti leuweung geus néangan suluh, sabari  mamawa suluh beunang adina. Katempo ti jauhna indungna kakara balik ti gunung, Anggada ngadeukeutan indungna tuluy ngomong “Ema, ieu suluh jeung cai beunang ngala Angga”. Indungna  malik nanya “kamana adi, naha teu mantuan?” ceuk Anggada némbal “ti mimiti Ema angkat gé Anggayuda mah indit ulin nepi ka ayeuna can balik.” Ngareungeu laporan ti anak nu panggedéna, indungna ambek tuluy ngomong “mun enya kitu, ku Ibu moal dibéré dahar poé ayeuna jeung rék diusir ti imah” Anggada ngan sakur seuri sugema ngareungeu indungna ngomong kitu.

Anggayuda datang sanggeus solat lohor. Indungna langsung nyentak ngomong “Anggayuda, ti mimiti ayeuna manéh kudu indit ti ieu imah!” Anggayuda kacida reuwasna tuluy ngomong “Anggayuda aya kalepatan naon, Ma?” indungna teu némbal teu naon, geus embung ngareungeu alesan nanaon deui.

Anggayuda  kapaksa indit ti imah ninggalkeun indung jeung lanceukna bari pinuh ku kasedih tapi teu weléh sabar. Ceurik jeung dunga nu bisa dilakukeun ku Anggayuda salila manéhna indit. Poé, bulan, nepi ka taunna, Anggayuda terus leumpang ngaliwatan gunung, leuwi, nepi ka manéhna manggihan hiji karajaan anu keur meunang musibah nyaéta putri raja diculik ku raksasa nu cicing di gunung.

Raja ngayakeun sayembara sing saha baé nu bisa mawa putri balik deui ka karajaan, bakal dijungjung jadi anak tur dibéré tahta karajaan. Saha baé najan lain turunan bangsawan jeung karajaan.

Anggayuda nu ngareungeu éta sayembara tuluy miluan. Prajurit karajaan loba nu maraot, nepi ka panglima raja ogé maot. Ayeuna giliran Anggayuda anu maju ngalawan raksasa. Raksasa ngomong “saha deui ti golongan manusa nu wani ngalawan, sok asup!”

Dijalan saméméh Anggayuda asup ka guha panyicingan raksasa, loba tangkal kawung. Kukapinteranana, injuk nu aya dina tangkal arén tuluy dianyam dijadikeun kumis nu kacida gedéna. Antukna pas nepi dina panto guha, si raksasa ngagerentes dina haté “kumisna waé geus sagedé kitu, komo jelemana? Ah geus wé rék dipasrahkeun deui ieu putri téh tibatan uing nu paéh!”

Anggayuda bisa mawa balik éta putri, masarakat karajaan kacida bungahna nempo putri balik deui. Jangji raja nu rék ngajadikeun saha waé nu bisa nyalametkeun putri rék dijadikeun anak téh ditedunan. Anggayuda dijungjung jadi anak raja. Masarakat loba nu nyebut Anggayuda salaku anak gunung, dina basa Arab mah anak disebut walad. Ku kitu na éta gunung katelah Gunung Walat nu hartina anak gunung.

 

 

 

Informan: Ibu Yayah Rohana (mantan anggota DPRD Jawa Barat)

Dicutat tina skripsi Siti Mutiara Fhadilathusy, 2014. Struktur Instrinsik jeung Ajén Moral dina Dongéng nu aya di Kacamatan Cibadak Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP.

 




SISINDIRAN

Sisindiran mangrupa salasahiji karya sastra hasil kabudayaan di masarakat Sunda. Kaayeunakeun sisindiran téh réana kapanggih dina pintonan seni. Upamana baé, dina kasenian calung, réog, wayang, jrrd. Saenyana mah lain baé sakadar hiburan, tapi pintonan seni sisindiran dipidangkeun ku para seniman téh ngandung ajén linuhung. Sisindiran nu aya di Sanggar Seni Gapura Emas ieu kabagi kana tilu tempat, nyaéta di sabudeureun sakola, di sabudeureun hajat nikahkeun, jeung di sabudeureun hajat nyepitan sarta aya opat sawangan hirup urang Sunda, nyaéta manusa ka dirina pribadi, manusa ka papada manusa, manusa ka Pangéran jeung manusa dina ngahontal kasugemaan lahir, tur kapaluruh aya 12 ajén étnopédagogik, nyaéta ajén: kajujuran, atikan dina kahirupan, tanggungjawab, kawajiban, sikep jeung sipat dina kahirupan, kaagamaan, silih tulung, silih ajénan, silih miéling, kaséhatan, kahirupan pangantén, sikep teu éléhan/keyeng, kasatiaan, kahirupan sunatan/nyepitan.

a.     Sisindiran dumasar Tempat

1.     Sisindiran di sabudeureun Sakola

1)    Pameunteun patingkaretip,

nganggo wedak nola-bola,

Komiteu anu kréatip,

ngarojong program sakola.

 

2)    Runtah nu dijieun kompos,

di sawah keur bérak paré,

Rumasa aya duit BOS,

ka sakola haré-haré.

 

 

3)    Mésér tomat sareng Yanto,

uihna téh mésér suling,

Omat ulah osok nyonto,

éta téh gawé curaling.

 

4)    Hayang ulin ka Néng Tika,

tapina duit teu nyésa,

Hayang diajar fisika,

tapina teu bisa-bisa.

 

5)    Pa Ulama keur ngawirid,

nyangkingélmu ngarah sakti.

Pancén utama keur murid,

nyuprih élmuning pangarti.

 

6)    Lamun panggih jeung Ma Suha,

galakna kabina-bina,

Lamun urang berusaha,

bakal alus ké hasilna.

 

7)    Geura samat itu tamu,

suguhan cai jajamu,

Guru muara panemu,

guru bibit buit élmu.

 

8)    Keur diskon sapuluh persén,

meulina téh di Cibubur,

Lamun hayang jadi dosén,

kudu sakola sing luhur.

 

9)    Sampingna nu warna konéng,

sabodo dipangnyeumpalkeun,

Paingan peunteun na goréng,

si Bodo tara ngapalkeun.

10) Aya manuk dina pager,

kudu inget sasakala,

Lamun urang hayang pinter,

kudu daék ka sakola.

 

11) Salila ngilu ka dinya,

téangan noda padati,

Salila hirup di dunya,

téangan élmu pangarti.

 

12) Aya baju aya rompi,

aya capung aya laron,

Diajar téh kudu ngarti,

ulah heureuy loba niron.

 

13) Ka Jakarta meuli pop és,

sakalian meuli burger,

Lamun arék jadi suksés,

kudu diajar sing bener.

 

14) Ka Sawarna mawa ager,

méngkol-méngkol ka kidul,

Lamun urang hayang pinter,

diajar ulah kedul.

 

15) Mun nuju aya di Bogor,

entong hilap mesér catur,

Mun diajar ulah bangor,

bisi katinggaleun batur.

 

16) Lamun diukna di juru,

kudu aya wé kursina,

Lamun hayang jadi guru,

kudu daék diajarna.

17) Cangkudu dibéré tétéh,

didahar sabari calik,

Kudu bageur ka batur téh,

ambéh dibageuran balik.

 

18) Jalan ka Situ Nagara,

nyampeur heula ka si Lala,

Mun hayang jadi tentara,

kudu daék ripuh heula.

 

19) Lebaran ngadahar kupat,

kupatna dibeulah opat,

Mun urang hayang salamet,

buru-buru geura tobat.

 

20) Kuring ngilu ékskul lisés,

jelemana balalageur,

Lamun hayang jadi suksés,

kudu pinter jaba bageur.

 

21) Lamun urang ngala jaat,

jadi urang kudu nyaté,

Lamun urang daék solat,

jadi tenang kana haté.

 

22) Sim kuring néang paraji,

tapi jauh ti imahna,

Mun hirup tong loba jangji,

bisi hésé migawéna.

 

23) Jalan-jalan jeung Bi Titi,

meuli daging ka Mang Dudung,

Percuma jalma pangarti,

lamun sipatna adigung.

24) Mun ngaleupeut make pijer,

tong poho ogé daunna,

Lamun hirup hayang pinter,

kudu getol diajarna.

 

25) Papanggih jeung anu lolong,

sabari mamawa nangka,

Omat ulah sok ngabohong,

bisi asup ka Naraka.

 

26) Sing getol nginum jajamu,

nu guna nguatkeun awak,

Sing getol néangan élmu,

nu guna dunya ahérat.

 

27) Mun arék néang Bu Nisa,

masing apal di manana,

Mun hirup asa nalangsa,

masing loba ihtiarna.

 

28) Lamun arék ka talaga,

kudu ijin ka Mang Nana,

Lamun hayang asup surga,

kudu getol ibadahna.

 

29) Naék karéta nepi ka Bogor,

di Bogor sok maén catur,

Mun diajar ulah bangor,

bisi katinggaleun batur.

 

30) Ucing dina lawang  panto,

eukeur diuk bari cicing,

Omat ulah osok nyonto,

éta téh gawé curaling.

31) Leuleumpangan ka Ciawi,

henteu poho mawa cai,

Lamun hayang jadi haji,

Nyata kudu bisa ngaji.

 

32) Manuk gagak manuk haur,

manuk japati dina pager,

Jadi budak kudu bageur,

ambéh jadi anak pinter.

 

33) Daék téh ka Cikadaka,

Cikadaka di Madura,

Jadi budak tong doraka,

méh bisa asup ka surga.

 

34) Saban maké dua kina,

bau kawat tusuk saté,

Lamun aya nu ngahina,

sing kuat jeung gedé haté.

 

35) Bulak-balik mapay sawah,

cai di sawah keur saat,

Mun hayang jadi ustadzah,

tong poho ngaji jeung solat.

 

36) Aya lalaki ngaranna Aji,

balik sakola manggih surat,

Hayu urang ngararaji,

méh tenang dunya ahérat.

 

37) Bulak-balik jug nyorangan,

kalah nyuksruk ka wahangan,

Budak leutik bobogohan,

tara mikiran diajar.

38) Ti batan mawa pedang,

mending gé mawa ragaji,

Ti batan ulin begadang,

mending gé diajar ngaji.

 

39) Awas aya jalma kikir,

bisi urang katépaan,

Urang kudu bisa mikir,

ambéh henteu kabodoan.

 

40) Ulah ngala cocongoan,

bisi rusak tangkal manggu,

Ulah waka bobogohan,

bisi sakola kaganggu.

 

41) Hayu urang ngangeun acar,

tur anteurkeun ka Mang Emu,

Hayu geura dialajar,

méh pinter jeung meunang élmu.

 

42) Ulah loba dahar peuteuy,

ngala awina sabuku,

Barudak ulah hareureuy,

sok geura baruka buku.

 

43) Urang ngaca dina kaca,

urang mancing meunang beunteur,

Urang kudu getol maca,

ambéh urang gancang pinter.

 

44) Hayu urang meuli tiung,

sakalian mikeun surat,

Sing bisa nurut ka indung,

bagja dunya jeung ahérat.

45) Nu lumpuh reujeung nu lolong,

mun daék garotong royong,

Nu lumpuh sadrah digandong,

nu lolong moal ti tajong.

 

46) Aya budak maén bola,

maénna di lapang bata,

Mun hayang asup ka surga,

sing nurut ka indung bapa.

 

47) Ka mana jalan ka Jogja,

ka ditu ka palih wétan,

Ka mana jalan ka surga,

ka ditu ka pangaosan.

 

48) Aya manuk warna bodas,

cicingna di imah Abdul,

Lamun hayang naék kelas,

diajarna ulah kedul.

 

49) Pas rebo lumpat sorangan,

keur lumpat baju tikait,

Miceun sampah tong sambarang,

sok jadi sarang panyakit.

 

50) Damar kurang damar gantung,

damar wayang pamidangan,

Hayu urang nararabung,

lain ukur kasenangan.

 

51) Aya budak jajan taro,

pas di jalan manggih surat,

Jadi budak kudu ngawaro,

salamet dunya ahérat.

52) Aya budak ngaran Rahmat,

manéhna keur meuleum saté,

Hayu urang geura solat,

ambéh tenang kana haté.

 

53) Aya budak ngaran Arga,

ngaran adina mah Rega,

Hayu urang olahraga,

ambéh séhat jiwa raga.

 

54) Sampingan atuh sampingan ,

nu ngajuru mani samutut,

Paingan atuh paingan,

ka juru rék ngadon hitut.

 

55) Di buruan loba hileud,

dicoo ku budak leutik,

Abdi boga awak buleud,

hésé diét hésé leutik.

 

56) Cau naon-cau naon,

cau lumut ti cirata,

Bau naon-bau naon,

bau sungut nu nyarita.

 

57) Niat bade maén catur,

pas balik jadi poho,

Jadi jalma tong nyebutan batur,

da karma mah moal poho.

 

58) Langlayangan soéh totos,

dikaput kutungtung paré,

Kahayangna disebut bos,

baju soéh dipapaké.

59) Ka sawah ngalaan tutut,

kadé aya nu nuturkeun,

Lamun urang sok camerut,

kadé raheut haté batur.

 

60) Méméh ngagelarkeun kasur,

tilik heula ambéh rinéh,

Méméh nyaritakeun batur,

tilik heula awak manéh.

 

61) Hayang baju lima warna,

tapi embung kudu meuli,

Hayang siga panggagahna,

tapi hésé kana mandi.

 

62) Ka Ciaul meuli waluh,

diwadahan teu ka ukur,

Ari pék aya nu wawuh,

kalahkah dadah ka batur.

63) Ngala cai ka Ciater,

tisolédat nyeri karasa,

Ngimpi hayang jadi dokter,

ngitung baé henteu bisa.

 

64) Hayang mancing di Jangari,

hanjakal jeujeurna péndék,

Hayang jadi pramugari,

hanjakal awakna péndék.

 

65) Di warung nyaneut bibika,

bibika ngeunah rasa burger,

Pa Ibnu guru Fisika,

keur kasép téh jaba bageur.

 

66) Meuli baju meni ipis,

hanjakal bahanna sésa,

Ngomong inggris meni tapis,

hanjakal Sunda teu bisa.

 

67) Aya jelema keur nongkrong,

nongkrongna di Palabuan,

Jelema maké kongkorong,

kongkorong sapuluh rébu.

 

68) Melak salédri jeung kangkung,

tangkalna dua ngahiji,

Loba istri ditariung,

hanjakal teu bisa ngaji.

 

69) Ngala tutut di Talaga,

alatna pacul ayakan,

Kitu patut hayang surga,

solatna elat-elatan.

 

70) Lamun manéh dahar sayur,

genahna mah ejeung kupat,

Kahayang jadi insinyur,

Fisikana peunteun opat.

 

71) Kiripik kacida garing,

paria kacida pait,

Lamun seug panggih jeung gering,

geura jugjug Rumah Sakit.

 

72) Meuli huut jeung kadongdong,

balikna manggih tikukur,

Éta buuk meuni gondrong,

jug geura indit dicukur.

73) Awi wulung awi wulung,

awi wulung ti Ciawi,

Seni Calung Seni Calung,

ti SMP PGRI.

 

74) Melak pedes sisi dapur,

diala ditarajéan,

Nu judes teu boga batur,

lila-lila ngahadéan.

 

75) Kapinis diadu layung,

macokan kembang kalapa,

Nu geulis teu maké tiung,

diasupkeun ka naraka.

 

76) Majar manéh cengkéh konéng

kulit peuteuy dina nyiru

Majar manéh lengké konéng,

kulit beuteung meni nambru.

 

2.     Sisindiran di sabudeureun Hajat Nikahkeun

1)    Lamun arék ka Mang Jaja,

kudu dipuguhkeun maksudna,

Lamun hayang hirup bagja,

kudu getol ti ayeuna.

 

2)    Rék ka pasar jeung si Ria,

pas nepi meuli samangka,

Ulah osok hirup ria,

bisi asup ka naraka.

 

 

 

 

3)    Di mana nya melak paré,

melak sampeu mah di tegal,

Nu migawé lampah hadé,

ibarat nu boga modal.

 

4)    Ka cai jadi saleuwi,

ka darat jadi salebak,

Ka cai kudu daék mandi,

ka darat kudu daék solat.

 

5)    Nyeduh ubar ku cipati,

diwadahan piring gelas,

Anu sabar éta pasti,

ku Allah dipikawelas.

 

6)    Pasantrén keur anu iman,

geus solat ngaraji quran,

Pangantén gegerenyeman,

geus hayang peuting munggaran.

 

7)    Hayu batur urang mandi,

mandina ka Ujung Genténg,

Lamun tepang eujeung Hani,

salam ti abdi nu ganteng.

 

8)    Nu jahat meuleum petasan,

dibeuleum sisi pasaran,

Lamun hajat geus lekasan,

pangantén silih udaran.

 

9)    Abdi hoyong nempo tipi,

hanjakal listrikna soak,

Abdi bogoh ka Néng Silvi,

hanjakal bapana galak.

10) Kanitrén rujak cukaan,

keur meulina naék sado,

Panganten uplek duaan,

keur ngilikan eusi kado.

 

11) Dina buleng aya keting,

kuciat handapeun karang,

Hulang huleng beurang peuting,

tibelat ka nu saurang.        

 

 

12) Manuk ciung ti Ciranjang,

manuk cacing warna beureum,

Dicium ku istri lenjang,

sapeuting teu daék peureum.

 

13) Mun teu tulus ka paseukna,

ka pasir ogé hadé,

Mun teu tulus ka lanceukna,

ka adina ogé hadé.

 

14) Ngala tutut meunang batur,

kulah na rék disaatan

Sing runtut jeung nu sakasur,

ulah rék papaséaan.

 

15) Daun kina daun saga,

daun karét dina lumur,

Ti ayeuna sing dijaga,

sugan pada awét umur.

 

 

 

 

16) Kamari rék ka si Panji,

kalah panggih jeung bapana,

Lamun urang boga jangji,

tong ingkar kana jangjina.              

 

17) Nu eureun mamawa taeun,

haréjo jambu médéna,

Kitu meureun kieu meureun,

lalajo jeung bébéndéna.

 

18) Abdi boga bedog linggis,

keur maéhan anu badeur,

Abdi bogoh ka néng geulis,

keur geulis jaba bageur.

 

19) Undur-undur dina batu,

congcorang disidurukeun,

Batan mundur kalah maju,

kapalang ditimurukeun.

 

20) Combro cumi dina piring,

cai saos maké santen,

Kunaon lami henteu sumping,

abdi ngantos unggal dinten.

 

21) Kembang cula kembang tanjung,

kembang sagala domdoman,

Rék sabulan rék sataun,

moal wéléh diantosan.

 

22) Boboko ayakan leutik,

melak cabé diawurkeun,

Bobogohan ti leuleutik,

geus gedé di ka baturkeun.

23) Meunang supa suung tujuh,

diwadahan dina bakul,

Lamun resep masing puguh,

ulah sok ukur ngawadul.

 

24) Kaduhung ayun-ayunan,

meuyeum ganas dina eurih,

Kaduhung abdi rayungan,

dipapanas dipeupeurih.

 

25) Seungit kembang sumarsana,

bawa angina ngadalingding,

Nu laip kieu rasana,

nandang nyeri tanpa tanding.

 

26) Tangkal manjah sisi lamping,

tangkal putat kaibunan,

Haté bungah tanpa tanding,

nampi serat kikintunan.

 

27) Ka Cikelét ka Cimari,

jalanna ka Mancagahar,

Ka pélét ku nu kamari,

sapoé teu daék dahar.

 

28) Sok hayang kapetis moris,

teu bisa masianana,

Sok hayang ka mojang geulis,

teu bisa ngasihanana.

 

29) Kahiang nu meunang nuar,

Salasa heuleut-heuleutan,

Kahayang meunang nu beunghar,

puguh mah jalma kuuleun.

30) Daun hiris héjo lumut,

ditéma ku cangkang tutut,

Nu geulis ulah sok imut,

Akang mah sok hayang hitut.

 

31) Ari bogoh ka Mang Nanang,

manéhna boga simpenan,

Ari hayang hirup senang,

manéhna kudu netepan.

 

32) Nyeri bitis jeung suku na,

nu legok cecekolan na,

Sugan téh artis timana,

nu gélo teu dicalana.

 

33) Pucuk tiwu akar bangban,

amis mata disusukan,

Mun rék milu geura dangdan,

cimata geura susutan.

 

34) Rarasaan keur ngageulis,

padahal mah teu tiasa,

Rarasaan jadi artis,

beungeut lestreng teu karasa.        

 

35) Caang bulan opat welas,

ka cai ditiung anduk,

Aya mojang matak waas,

arloji gé meunang nganjuk.

 

36) Kembang eros sisi jalan,

dipetik ku anak Cina,

Abdi naros teu ditémbal,

érana kabina-bina.         

37) Cau ambon dikalongan,

malati ka pipir-pipir,

Awéwé ambon sorangan,

lalaki teu mikir-mikir.

 

38) Aya budak mawa casan,

ngan hanjakal teu dibeuli,

Aya budak geulis pisan,

ngan hanjakal tara mandi.

 

39) Salawé dua puluh lima,

saté kodok dicolokan,

Awéwé jaman ayeuna,

anderok papondok-pondok.

 

40) Najan peuteuy dina nyiru,

sakoteng dibawa muter,

Najat kulit beuteung nambru,

da ganteng katambah pinter.

 

41) Lain balad lain banding,

pucuk kulumpung Cihérang,

Geura mulang bapa nyai,

mawa kongkorong jeung gelang.

 

42) Lamun tutut ti Cirangkong,

tuluy ditunda di kobong,

Kajeun lumpat siga bangkong,

nu penting beuteung teu kosong.

 

43) Aya jalmi dahar kangkung,

hanjakal kangkungna bunting,

Aya jalmi meni jangkung,

hanjakal tara ditiung.

44) Kaso pondok matak nyogok,

kaso panjang matak nyugak,

Anu pondok jadi orok,

anu panjang jadi budak.

 

45) Kapinis diadu layung,

macokan kembang Kalapa,

Nu geulis ngajingjing payung,

mapagkeun anu balanja.

 

3.     Sisindiran di sabudeureun Hajat Nyepitan

1)    Nu haseum buah pisitan,

teu nyaho rasa amisna,

Nu kasép keur disepitan,

nyumponan sunna Rosulna.

 

2)    Buah léngkéng jeung pisitan,

diaala dina tangkalna,

Mun geus réngsé disepitan,

katingal budak soléhna.

 

3)    Metik entéh pangsisina,

ceuk batur rasana ngeunah,

Nyeri sotéh nya ayeuna,

ka dituna bakal genah.

 

4)    Halimun di Karapitan,

hawana mani nyelecep,

Lamun daék disepitan,

bakal réa anu nyecep.

 

 

 

 

5)    Anu jahat dicaketan,

anu burung dioméan,

Aya nu hajat nyepitan,

nanggap calung raraméan.

 

6)    Maén bola di lapangan,

lapanganna anu leutik,

Ulah sok sosoranganan,

bisi aya anu nyulik.

 

b.     Sawangan Hirup Urang Sunda

Budaya Sunda mangrupa salasahiji budaya anu kacida nanjeurkeun adat kasopanan. Umumna karakter masarakat Sunda mah soméah sarta mikahormat ka nu jadi kolot. Urang Sunda-na sorangan nyaéta anu ngaku dirina tur diaku ku masarakat lianna salaku urang Sunda. Salaku kelompok masarakat budaya, geus sakuduna masarakat Sunda miboga sawangan hirup sangkan bisa hirup mandiri di tengah masarakat jeung budaya séjénna. Sawangan hirup nu aya bisa rubah saluyu jeung kaayaan. Ku kituna, sawangan hirup urang Sunda miboga hal anu stabil tur dinamis. Kabudayaan ngawengku sakabéh hal nu dipimilik ku masarakat.

Sawangan hirup urang Sunda dikatégorikeun kana lima katégori nurutkeun Kluckhohn anu satuluyna dimekarkeun ku Warnaen jadi genep katégori sawangan hirup urang Sunda, nyaéta: manusa ka dirina pribadi, manusa ka papada manusa, manusa ka alam sabudeureun, manusa ka Pangéran, manusa dina ngahontal kasugemaan lahir, jeung manusa dina ngahontal kasugemaan batin. Tina sisindiran nu kapaluruh ti ieu Sanggar Seni, kapanggih aya opat katégori sawangan hirup, nyaéta (1) manusa ka dirina pribadi; mangrupa sikep manusa nu hubunganna jeung diri salaku individu, nu katitén tina kualitas sumber daya manusa., (2) manusa ka papada manusa; mangrupa sikep manusa nu hubunganna jeung manusa séjén dina kahirupan masarakat, bangsa jeung nagara. Ieu hal ditandaan ku kasadaran yén masarakat téh multi-réligi, multi-étnis, jeung multikultur. Aya dina tilu tingkatan lingkungan, nyaéta lingkungan kulawarga, lingkungan masarakat, jeung lingkungan kakawasaan nagara. Sauyunan, rukun, tingtrim dina sawangan hirup urang Sunda anu utama dina kabutuhan pikeun hirup babarengan di masarakat., (3) manusa ka Pangéran; ngagambarkeun sikep jeung lakulampah manusa nu patuh dina ngajalankeun ibadah tur toléran ka agama séjén tur hirup rukun. Kayakinan masarakat Sunda ngeunaan ayana Gusti Allah saéstuna ngalaman prosés parobahan saluyu jeung agama anu dianut dina lumangsungna sajarah., jeung (4) manusa dina ngahontal kasugemaan lahir; Dina ngahontal kasugemaan lahir, aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun, nyaéta ngeunaan awak, kulawarga, harta, kadudukan jeung lingkungan. Kasajahteraan hirup salasahijina nyaéta awak nu séhat nu bisa ngalakukeun kagiatan-kagiatan sangkan bisa ngahontal tungtutan kahirupan. Ku awak nu séhat ogé urang bisa ngusahakeun sangkan kahontal pangharepan ‘hirup heubeul.

 

c.     Ajén Étnopédagogik

Étnopédagogik nyawang pangaweruh jeung kaaripan lokal salaku sumber inovasi jeung kamahér nu bisa dimekarkeun pikeun karaharjaan jalma réa. Kaaripan lokal mangrupa kumpulan pakta, konsép, kapercayaan, jeung persépsi masarakat kana dunya sabudeureun. Ieu hal ngawengku cara nalungtik jeung ngukur alam sabudeureun, ngaréngsékeun pasualan, jeung ngalengkepan informasi. Singgetna, kaaripan lokal mangrupa hiji prosés hubungan jeung pangaweruh nu dihasilkeun, disimpen, dilarapkeun, diolah, tur diwariskeun. Atikan jeung élmu ngatik teu bisa leupas malah kudu diwangun ku falsafah kahirupan bangsa jeung sélér bangsa ku masarakat. Leuwih jero, étnopédagogik bisa dihartikeun, élmu atikan dumasar kana budaya jeung adat istiadat masarakat nu kudu dimumulé, sangkan maju jeung mekar, sarta ngawujud dina kahirupan nu unggul tur bisa hirup babarengan jeung masarakat séjén di dunya. Étnopédagogik mangrupa prakték atikan nu basisna kaaripan lokal. Kaaripan lokal nyampak dina rupa-rupa karya sastra, salasahijina sisindiran. Étnopédagogik kabuktian ampuh pikeun nadah serangan globalisasi kana kabudayaan.

Sanggeus kapaluruh ngeunaan sawangan hirup urang Sunda, aya 12 ajén étnopédagogik nu kapaluruh tina 127 sisindiran, nyaéta: 1) Ajén ngeunaan kajujuran, 2) Ajén atikan dina kahirupan, 3) Ajén ngeunaan tanggungjawab, 4) Ajén ngeunaan kawajiban, 5) Ajén ngeunaan sikep jeung sipat dina kahirupan, 6) Ajén ngeunaan kaagamaan, 7) Ajén ngeunaan silih tulung, silih ajénan, silih miéling dina kahirupan, 8) Ajén ngeunaan kaséhatan, 9) Ajén ngeunaan kahirupan pangantén, 10) Ajén ngeunaan sikep teu éléhan/keyeng dina kahirupan, 11) Ajén ngeunaan kasatiaan, jeung 12) Ajén ngeunaan kahirupan nu disepitan.