Sasakala Sukabumi
Jaman baheula, wilayah Priangan Barat kaasup ka wilayah Kadipatén
Pamingkis. Kadipatian ieu dipingpin ku saurang dipati ngaranna Rangga Bitung
jeung istrina Nyai Puntung Mayang. Harita waktu Karajaan Banten jeung Karajaan
Cirebon nyerang Karajaan Pajajaran, wilayah Pamingkis kakeunaan ku balukar tina
panyeranganna. Harita, Bupati Rangga Bitung maot sedeng istrina, Nyai Puntung
Mayang nu keur ngandeg disalametkeun ku saurang Jaro (lurah) nyaéta Loa. Ku
Jaro Loa, Nyai Puntung Mayang dibawa ka kampung nu aya di suku gunung Sunda,
teu jauh ti Palabuan Ratu.
Salila di jalan rék ka Gunung Salak, di daérah Cibadak, Jaro Loa
jeung Nyai Puntung Mayang manggih orok. Tuluy éta orok dibawa, dibéré ngaran
Wangsa Suta. Satepina di Gunung Salak, Nyai Puntung Mayang ngalahirkeun orok
awéwé, ngaranna Pudak Arum anu waktu geus gedé disebut Nyai Tanduran atawa
leuwih katelah ku sebutan Nyai Pudak Arum Saloyang.
Wangsa Suta geus jadi jajaka nu gagah tur kasép. Laku lampahna
wijak, miboga karisma, jeung katempona lain bandingan jajaka nu saumuranana.
Kitu ogé jeung Nyai Pudak Arum, geus jadi mojang nu kacida geulisna. Ku sabab
duanana gedé di tempat nu sarua, ti leutik nepi ka gedé éta budak téh deukeut
pisan. Beuki lila beuki deukeut, tuluy Jaro Loa jeung Nyai Puntung Mayang niat
rék ngawinkeun Nyai Pudak Arum jeung Wangsa Suta.
Saméméh Wangsa Suta ngalamar Nyai Pudak Arum, manéhna ngumbara
heula néang élmu agama sarta kasatriaan salaku bekel dina hirup rumah tanggana
jaga. Sanggeus Wangsa Suta indit, Nyai Pudak Arum kamana-mana nyorangan,
manéhna ngarasa sedih. Najan kitu, kageulisan Nyai Pudak Arum sumebar ka
mana-mana nepi ka loba nu datang ngalamar tapi ditampik ku Nyai Pudak Arum
sabab nungguan Wangsa Suta.
Diantara nu ngalamar éta, aya hiji demang ngaranna Radén Kartala ti
Mangkalaya, penaséhatna nitah manéhna sangkan maténi Nyai Pudak Arum. Teu lila,
Nyai Pudak Arum diculik, tapi Wangsa Suta datang tuluy gelut jeung anak buahna
Radén Kartala. Saméméh gelut, Wangsa Suta nitah Nyai Pudak Arum supaya indit ka
Gunung Parang nepi ka aya padukuhan nu miboga pakujajar lima dahan. Hanjakal,
Radén Kartala apaleun tuluy mawa Nyai Pudak Arum ka Pulau Putri di Pulau
Seribu.
Wangsa Suta kuciwa waktu nyaho yén Nyai Pudak Arum euweuh di Gunung
Parang, manéhna ménta tulung ka Rési Saradéa. Wangsa Suta dititah nyieun
padukuhan di suku gunung Parang, sanggeus loba jalma ka éta tempat, Wangsa Suta
bisa panggih deui jeung Nyai Pudak Arum. Sanggeus loba nu datang ka éta tempat,
masarakat loba nu nyebut “suka di bumi” nu hartina resep cicing di imah. Wangsa
Suta jeung Nyai Pudak Arum panggih deui tuluy nikah. Lila kalilaan, “suka di
bumi” ganti jadi Sukabumi nepi ka ayeuna.
4.2.15.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala
Sukabumi
1) Téma
Téma anu aya dina dongéng Sasakala Sukabumi nyaéta ngeunaan
asal-usul karajaan di hiji wewengkon.
2) Palaku
Palaku anu kacaritakeun dina ieu dongéng nyaéta:
- Rangga Bitung, teu kacaritakeun kumaha kahirupanana sabab waktu
Karajaan Banten jeung Karajaan Cirebon nyerang Karajaan Pajajaran, wilayah
Pamingkis kakeunaan,nepi ka Bupati Rangga Bitung maot.
- Nyai Puntung Mayang, pamajikan Rangga Bitung. Waktu penyerangan,
Nyai Puntung keur kakandungan tapi salamet tuluy disalametkeun ku lurah Loa/
Jaro Loa dibawa ka Gunung Sunda di Palabuan Ratu.
- Lurah Loa/ Jaro Loa, miboga sifat anu daék silih tulungan.
- Wangsa Suta, orok beunang manggih Jaro Loa jeung Nyai Puntung
Mayang waktu maranéhna rék indit ka Gunung Sunda. Nyai Puntung jeung Jaro Loa
manggih éta orok di Cibadak tuluy dirawat nepi ka gedéna. Wangsa Suta jadi
jajaka nu gagah tur kasép. Laku lampahna wijak, miboga karisma, jeung bawaanna
katempo lain dibanding jajaka nu saumuranana.
- Pudak Arum/Nyai Tanduran/Nyai Pudak Arum Saloyang, anakna Nyai
Puntung Mayang. Nyai Pudak Arum miboga sifat anu sabar tur satia, katempo waktu
kudu nungguan Wangsa Suta ngumbara néang élmu, Nyai Pudak Arum nungguan tur
nampik sakabéh anu datang ngalamar manéhna.
- Radén Kartala salaku Daéng ti Mangkalaya, manéhna ngalamar Nyai
Pudak Arum tapi ditampik tuluy diculik rék dipaténi sabab teu narima yén
manéhna ditampik.
3) Latar
Latar
téh gambaran waktu, kaayaan, pajamanan, patempatan, lingkungan, jeung suasana.
Latar anu dicaritakeun dina ieu dongéng leuwih kana latar patempatan, nyaéta:
- Priangan
Barat (Kadipatian Pamingkis) tempat Rangga Bitung jeung Nyai Puntung Mayang
cicing.
- Karajaan
Pajajaran anu diserang ku Karajaan Banten jeung Cirebon.
- Gunung
Sunda, Palabuan Ratu tempat Jaro Loa jeung Nyai Puntung Mayang cicing sanggeus
kajadian diserangna Karajaan Pajajaran.
- Gunung
Salak, Cibadak tempat Jaro Loa jeung Nyai Puntung Mayang manggih orok anu tuluy
dingaranan Wangsa Suta sarta di dinya oge Nyai Puntung Mayang ngalahirkeun Nyai
Pudak Arum.
- Gunung
Parang, tempat Wangsa Suta jeung Nyai Pudak Arum panggih sanggeus lila papisah.
4) Galur
Galur anu digunakeun dina ieu dongéng nyaéta galur maju. Dina ieu
dongéng dicaritakeun ti mimiti kaayaan di Kadiapatian Pamingkis nepi ka masalah
Karajaan Banten jeung Cirebon anu nyerang ka Karajaan Pajajaran tuluy kana
kahirupan Nyai Puntung Mayang sarta Wangsa Suta jeung Nyai Pudak Arum anu kudu
papisah lila.
4.2.15.2 Ajén
Moral Dongéng Sasakala Sukabumi
Ajén moral anu kapanggih dina ieu dongéng nyaéta ngeunaan
kayakinan. Lamun kayakinan urang dina jalan anu hadé, tangtu aya jalan sangkan
naon anu dipikahayang bisa ngawujud. Katilik nalika Wangsa Suta yakin yén Nyai
Pudak Arum bakal jadi jodona, manéhna ngalakukeun hal anu hadé, nepi ka ahirna
manéhna bisa panggih deui jeung Nyai Pudak Arum.
Salian ti éta aya ogé ngeunaan kasatiaan. Kasatiaan anu bisa
ditempo tina naon anu dilakukeun ku Nyai Pudak Arum anu nampik sakabéh anu
ngalamar ka manéhna sabab manéhna nungguan Wangsa Suta balik ti pangumbaraan.
0 comments:
Posting Komentar