Sabtu, 19 November 2022

 Sasakala Gunung Walat

Jaman baheula, aya dua budak adi-lanceuk, jeung indungna. Lanceukna Anggada ari nu bungsu ngaranna Anggayuda. Anggada miboga sipat kedul digawé tur jahat, sabalikna ari Anggayuda mah anakna rajin tur sabar.

Hiji poé, indungna ngomong ka anak-anakna nitah mawa cai jeung suluh ti leuweung sabab indungna unggal poé ka gunung ngahuma. Anggayuda mah rajin pisan néangan suluh di leuweung. Sanggeus meunang suluh tuluy balik saméméh lohor. Geus kitu mandi di leuwi sabari mawa ember pikeun ngala cai beresih.

Béda deui jeung Anggada nu masih kénéh ngagojod saré di imah. Tapi bakat ku licikna Anggada, nyaho yén indungna téréh balik, manéhna pura-pura kakara datang ti leuweung geus néangan suluh, sabari  mamawa suluh beunang adina. Katempo ti jauhna indungna kakara balik ti gunung, Anggada ngadeukeutan indungna tuluy ngomong “Ema, ieu suluh jeung cai beunang ngala Angga”. Indungna  malik nanya “kamana adi, naha teu mantuan?” ceuk Anggada némbal “ti mimiti Ema angkat gé Anggayuda mah indit ulin nepi ka ayeuna can balik.” Ngareungeu laporan ti anak nu panggedéna, indungna ambek tuluy ngomong “mun enya kitu, ku Ibu moal dibéré dahar poé ayeuna jeung rék diusir ti imah” Anggada ngan sakur seuri sugema ngareungeu indungna ngomong kitu.

Anggayuda datang sanggeus solat lohor. Indungna langsung nyentak ngomong “Anggayuda, ti mimiti ayeuna manéh kudu indit ti ieu imah!” Anggayuda kacida reuwasna tuluy ngomong “Anggayuda aya kalepatan naon, Ma?” indungna teu némbal teu naon, geus embung ngareungeu alesan nanaon deui.

Anggayuda  kapaksa indit ti imah ninggalkeun indung jeung lanceukna bari pinuh ku kasedih tapi teu weléh sabar. Ceurik jeung dunga nu bisa dilakukeun ku Anggayuda salila manéhna indit. Poé, bulan, nepi ka taunna, Anggayuda terus leumpang ngaliwatan gunung, leuwi, nepi ka manéhna manggihan hiji karajaan anu keur meunang musibah nyaéta putri raja diculik ku raksasa nu cicing di gunung.

Raja ngayakeun sayembara sing saha baé nu bisa mawa putri balik deui ka karajaan, bakal dijungjung jadi anak tur dibéré tahta karajaan. Saha baé najan lain turunan bangsawan jeung karajaan.

Anggayuda nu ngareungeu éta sayembara tuluy miluan. Prajurit karajaan loba nu maraot, nepi ka panglima raja ogé maot. Ayeuna giliran Anggayuda anu maju ngalawan raksasa. Raksasa ngomong “saha deui ti golongan manusa nu wani ngalawan, sok asup!”

Dijalan saméméh Anggayuda asup ka guha panyicingan raksasa, loba tangkal kawung. Kukapinteranana, injuk nu aya dina tangkal arén tuluy dianyam dijadikeun kumis nu kacida gedéna. Antukna pas nepi dina panto guha, si raksasa ngagerentes dina haté “kumisna waé geus sagedé kitu, komo jelemana? Ah geus wé rék dipasrahkeun deui ieu putri téh tibatan uing nu paéh!”

Anggayuda bisa mawa balik éta putri, masarakat karajaan kacida bungahna nempo putri balik deui. Jangji raja nu rék ngajadikeun saha waé nu bisa nyalametkeun putri rék dijadikeun anak téh ditedunan. Anggayuda dijungjung jadi anak raja. Masarakat loba nu nyebut Anggayuda salaku anak gunung, dina basa Arab mah anak disebut walad. Ku kitu na éta gunung katelah Gunung Walat nu hartina anak gunung.

 

 

 

Informan: Ibu Yayah Rohana (mantan anggota DPRD Jawa Barat)

Dicutat tina skripsi Siti Mutiara Fhadilathusy, 2014. Struktur Instrinsik jeung Ajén Moral dina Dongéng nu aya di Kacamatan Cibadak Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP.

0 comments:

Posting Komentar