DONGENG
Dongéng sok disebut ogé carita atawa
babad anu nétélakeun kumaha kajadian hiji hal nu aya di masarakat hiji nagara
atawa carita/karya balaréa. Pangna dongéng téh sok disebut karya balaréa
lantaran teu kanyahoan saha anu ngarangna (anonim) tur sumebarna sacara lisan
sarta geus teu ahéng lamun tina hiji dongéng mibanda rupa-rupa vérsi. Eusi
dongéng umumna ngawengku ulikan moral, contona lamun jalma bener geus tangtu
meunang pahala, jalma salah tangtu meunang cilaka; sangkan maksud tinekanan
kudu ngagunakeun akal atawa kudu hirup sauyunan ngarah répéh-rapih.
Dongéng téh kaasup kana golongan carita, umumna carita
anu parondok. Dina dongéng, sok aya bagian anu pamohalan, upamana dina jalan
caritana, palakuna, atawa waktu kajadianana. Nurutkeun susunan basana, dongéng
kaasup kana wangun lancaran (prosa), tapi sakapeung-kapeung osok diselang ku
wangun ugeran (puisi) anu disebut kawih (Yus Rusyana, 1978, kc. 18).
Wanda karangan dongéng, tangtu baé
lisan. Hartina, sumebarna jeung média basana ngaliwatan lisan, tatalépa,
tuturan, ngandelkeun oral-audio jeung tara kapaluruh saha nu ngarangna
(Isnéndés, 2010, kc. 25).
Dina Kamus Basa Sunda (KBS, 2006, kc.
113), dongéng nyaéta carita baheula, lolobana pikeun barudak, biasana loba
pamohalanana. Dina KBBI 2005, dongéng (legenda, dongéng) mangrupa carita jaman
baheula anu aya hubunganana jeung kajadian sajarah.
Iskandarwassid
(1996, kc. 31), nétélakeun yén dongéng téh ngaran salasahiji golongan carita,
dina wangun prosa (lancaran). Sakapeung sok kaselapan bagian anu dikawihkeun,
umumna parondok. Turun-tumurunna jeung sumebarna ku cara lisan. Tara kapaluruh
saha-saha pangarangna atawa anu nyiptana. Nilik wandana jeung eusina dongéng
téh kaasup rékaan baheula. Patempatan anu jadi latarna mindeng tétéla gambaran
kaayaan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta,
atawa mahluk-mahluk séjénna. Kajadian-kajadian caritana sakapeung karasa
pamohalan, corak rékaan heubeul anu mindeng ngolah siloka atawa alégori pikeun
mungkus téma.
Numutkeun Danandjaja
(2007, kc. 83),
“Dongeng adalah cerita pendek kolektif kesusastraan
lisan, dan cerita prosa rakyat yang tidak dianggap benar terjadi. Dongeng
diceritakan terutama untuk hiburan, walaupun banyak juga yang melukiskan
kebenaran, berisikan pelajaran (moral) atau bahan sindiran.”
Tina pedaran sababaraha tokoh di luhur ngeunaan dongéng, bisa
dicindekkeun yén dongéng téh nyaéta karya sastra prosa heubeul dina wangun
lisan, carita atawa babad anu nétélakeun kajadian hiji hal anu aya di
masarakat, biasana ngandung unsur pamohalan dina unggal eusina, sakapeung sok
kaselapan bagian anu dikawihkeun, tur tara kapaluruh saha-saha pangarangna
atawa anu nyiptakeunana.
Nurutkeun
Tamsyah (1996, kc. 121) nétélakeun dumasar kana eusina, dongéng téh bisa
dipasing-pasing jadi sababaraha golongan, nyaéta (1) dongéng sasatoan; (2)
dongéng sasakala (legénda); (3) dongéng babad (sage); (4) dongéng jelema biasa
(parable); (5) dongéng paranabi/wali; (6) dongéng pieunteungeun; (7) dongéng
pamuk.
Nurutkeun
Yus Rusyana (1978, kc. 19), mun dipasing-pasing dongéng téh bisa dijieun
sababaraha golongan, di antarana (1) dongéng anu nyaritakeun kahirupan jalma di
masarakatna jeung dina sajarahna; (2) dongéng anu nyaritakeun kahirupan
sasatoan; (3) dongéng anu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang,
sasatoan, jeung tutuwuhan; (4) dongéng anu nyaritakeun mahluk ciciptan.
Béda deui jeung Isnendes (2010, kc. 25),
jenis-jenis dongéng nyaéta: fable (dongéng sasatoan), pamuk (dongéng
jalma-jalma nu teu ilahar), mite (dongéng kadéwaan atawa jalma nu dianggap
mistis; suci), sagé (dongéng kapahlawanan), lagénda (dongéng nu patali jeung
kasajarahan tapi palakuna jalma biasa), sasakala (dongéng asal-muasal tempat),
jeung jurig (dongéng nu patali jeung mahluk lemes).
1.
Dongéng Sato
Dongéng sato nyaéta dongéng anu palakuna
sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana baé bisa nyarita
jeung ngagunakeun akal pikiran. Contona dongéng-dongéng “Sakadang Kuya jeung
Sakadang Monyet” atawa dongéng-dongéng “Sakadang Peucang”. Éta dongéng-dongéng
téh bisa jadi mangrupa dongéng sasatoang pituin urang Sunda.
2.
Dongéng Sasakala (Legénda)
Dongéng sasakala nyaéta dongéng anu
nyaritakeun asal-muasalna kajadian hiji tempat, barang, sasatoan atawa
tutuwuhan. Contona dongéng “Sasakala Situ Bagendit”, “Asal Mula Nagara Baduy”,
“Sasakala Maung Sancang”, jrrd.
Legénda téh nyaéta golongan carita anu
geus turun-tumurun, sumebar, sarta ku balaréa diaranggap mibanda dasar
kasajarahan; atawa sakumna carita wanda kitu anu geus jadi milik sagolongan
masarakat (Iskandarwassid, 1996, kc. 74).
3.
Dongéng Babad (Sagé)
Dongéng babad nyaritakeun kajadian atawa
jelema anu ngandung unsur sajarah. Iskandarwassid (1996, kc. 132) nétélakeun
yén mimitina mah sage téh nyaéta dongéng atawa carita peperangan di nagara
Skandinavia di jaman pertengahan, umumna nyaritakeun carita lagéndaris ti kaum
Skandinavia; atawa carita panjang anu eusina kapahlawanan.
4.
Dongéng Jalma Biasa (Parabel)
Dongéng parabel nyaéta dongéng anu eusina
nyaritakeun jalma biasa anu aya dina kahirupan sapopoé; kahirupan jalma di
masarakatna. Conto anu paling kamashur dina sastra Sunda nyaéta dongéng-dongéng
“Si Kabayan”.
5.
Dongéng Paranabi/Wali
Carita
paranabi téh kaasup kana mite nyaéta carita anu eusina patali jeung kapercayaan
masarakat kana bangsa lelemut atawa hal-hal anu gaib. Dongéng mite sorangan
miboga harti nyaéta dongéng anu palakuna supranatural, make latar tempat suci
jeung dina mangsa purba.
Bascom
(dina Danandjaja, 2002, kc. 50-51) nétélakeun yén:
Mite adalah
cerita prosa rakyat yang dianggap benar-benar terjadi dan dianggap suci oleh
yang empunya cerita. Mite ditokohi oleh para dewa atau mahluk setengah dewa.
Peristiwa terjadi di dunia luar atau di dunia yang bukan yang seperti kita
kenal sekarang, dan terjadi pada masa lampau.
Mite
pada umumnya mengisahkan terjadinya alam semesta, dunia, manusia pertama,
terjadinya maut, bentuk khas binatang, bentuk tofografi, gejala alam, dan
sebagainya. Mite juga mengisahkan petualangan para dewa, kisah percintaan
mereka, hubungan kekerabatan mereka, kisah perang mereka, dsb.
6.
Dongéng Pieunteungeun
Dongéng pieunteungeun di dieu nya éta
dongéng anu eusina mangrupa tuladan pikeun
manusa. Bisa dongéng sasatoan, dongéng jalma biasa, jeung sajabana.
Nurutkeun
Faturohman (1983) dina Tamsyah, spk. 1996, kc. 216) unsur
nu aya dina dongéng téh aya opat unsur nyaéta: téma, galur, palaku, jeung
latar. Aya kalana latar tempat jeung latar waktuna ogé ngandung unsur
pamohalan, anaroksimeu, atawa henteu luyu jeung kanyataan sajarah.
Stanton
(dina Isnéndés, 2010, kc. 92) nétélakeun yén karya fiksi sastra wangun prosa
unsur-unsurna diwangun ku: (1)
tema; (2) fakta carita (galur, tokoh jeung latar); jeung (3) sarana carita
(sudut pandang, gaya basa jeung suasana, simbol-simbol, imaji, judul).
Prosa fiksi sastra di dieu nyaéta carita
rékaan dina wangun lancaran, saperti carita pondok, dongéng, jeung novél.
Unsur-unsur prosa fiksi anu bakalan dipedar dina ieu panalungtikan nyaéta:
téma, palaku, ggalur, jeung latar.
1.
Tema téh nyaéta inti pikiran atawa ideu pikok
carita nu digelarkeun ku pangarang dina karyana.
2. Palaku atawa tokoh carita nyaéta
ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalakon dina carita (dongéng,
carita pondok, novel, carita pantun, jeung wawacan) atawa drama. Loba saeutikna
palaku dina carita, gumantung kana kabutuh caritana. Dumasar kana
kalungguhanana dina carita, palaku téh bisa dibagi jadi tilu rupa:
(1) Palaku utama; disebut ogé protagonist,
nyaéta palaku anu nyekel peran utama ti awal nepi ka ahir. Masalah atawa
kajadian dina carita téh museur ka dirina.
(2) Palaku kadua; palaku anu marengan,
maturan, atawa jadi lawan palaku utama. Upama éta palaku kadua téh lawan palaku
utama, sok disebut antagonis. Hubungan jeung palaku utama sok raket pisan
saperti sobat dalit atawa kabogoh, bisa ogé anu teu wawuh-wawuh acan.
(3) Palaku tambahan, nyaéta parapalaku anu
peranna teu pati penting. Biasana palaku tambahan dipikabutuh pikeun
ngalancarkeun carita, ngahirupkeun suasana, nonjolkeun karakter palaku utama
atawa palaku tambahan, malah bisa jadi ngan ukur ngaliwat wungkul.
Pasipatan hiji jalma téh, biasana raket patalina jeung kaayaan sosialna.
Cindekna, palaku téh mangrupa tokoh dina carita nu ka bagi jadi tilu nyaéta
palaku utama, palaku kadua, sarta palaku tambahan nu sakapeung ayana ngan
ngaliwat wungkul (Tamsyah, spk. 1996, kc. 217).
3. Latar.
Anu disebut latar atawa setting téh, nyaéta gambaran waktu,
kaayaan pajamanan, patempatan, lingkungan, suasana, jsté. anu ngalataran
kajadian carita. Tegesna mangrupa salasahiji komponén dina adegan karangan.
Merenah henteuna milih latar jeung ngadéskripsikeunana milu nangtukeun ajén
karangan (Iskandarwassid, 1996, kc. 74).
Latar téh aya dua rupa nyaéta latar tempat jeung latar waktu. Latar
tempat nuduhkeun di mana kajadianana, ari latar waktu nuduhkeun iraha
kajadianana.
Latar tempat biasana dicaritakeun dina awal-awal carita. Dina
dongéng-dongéng katut carita heubeul séjénna, biasana sok disebut bareng jeung
latar waktuna. Dina carita-carita prosa fiksi kiwari, sakapeung latar waktu téh
henteu ditembréskeun ku pangarang saperti latar tempatna. Aya kalana latar
tempat téh mangrupa unsur penting dina carita (Tamsyah, spk. 1996, kc. 219).
4. Galur atawa plot dina karya sastra miboga
harti: rakitan (struktur) rupaning kajadian carita, nepi ka ngawujud jadi
leunjeuran carita, boh mangrupa fiksi boh drama. Kajadian carita raket pisan
patalina jeung palaku carita: kajadian téh apan keur gambaran palaku; atawa,
ari palaku téh apan ngawatesanan kajadian (Iskandarwassid, 1996, kc. 112).
Galur
atawa plot téh nyaéta runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita. Cara
midangkeunana diluyukeun jeung tujuan anu hayang dihontal ku pangarangna.
Ditangtukeun heula pandeurina, hubungan kajadian nu hiji jeung kajadian
séjénna, jeung sajabana.
Galur
umumna diwangun ku:
(1) bubuka, disebut ogé manggalasastra nyaéta
bagian anu nyaritakeun latar tempat, waktu, katut palakuna.
(2) muncul masalah; sanggeus réngsé bagian
bubuka, carita bagerak nepi ka timbul masalah (konflik).
(3) masalah muncer; masalah téh mimiti
ngarékahan, ngalobaan, atawa ngajeroan, nepi ka muncerna.
(4) ngaréngsékeun masalah; masalah nu aya
mimiti diréngsékeun.
(5) pungkasan carita; biasa disebut ogé denouement, mangrupa tungtung kajadian
carita. Rupaning rusiah geus nembrak, nu hianat geus katohyan, pacengkadan geus
lubar, kapanasaran geus dilakonan, jeung sajabana.
Galur carita henteu salawasna ngaguluyur, biasana
dumasar kana wandana anu kabagia jadi tilu, nyaéta:
(1) Galur mérélé; galur carita anu ngaguluyur
ti bagian ka bagian, ti mimiti manggalasastra nepi ka pungkasan carita.
(2) Galur bobok tengah; henteu ngagunakeun
manggalasastra atawa bubuka.
(3) Galur mundur; carita téh dimimitian ku
bagian pamungkas.
Urang bisa nangtukeun atawa nerangkeun galur upamana
geus maca sagemblengna carita.
0 comments:
Posting Komentar