Sabtu, 19 November 2022

 Mama Lurah Sakti Ngubaran Panyakit Teluh

            Ieu mah sumberna ti Hj. Siti Asiah alm (75) taun 1990-an. Di sagigireun wacis ku ajian, Mama Lurah ogé sakti dina widang tatamba, utamana nambaan anu gering lantaran panggawé deungeun. Hal ieu dibuktikeun ku hiji masarakat désa nu kungsi diubaran ku anjeunna. Kieu dongéngna mah.

            Warga anu diubaran téh bujang kasép ngalempéréng konéng. Kangaranan bujang baheula, ketak anjeunna téh geus kaitung lampar, lébér wawanén, jeung boga wibawa. Anjeunna téh tokoh pergerakan pemuda anu nangtang pamaréntah Walanda. Lantaran nguruskeun teuing organisasi, rumah tangga mah kapohokeun. Umur 25 taun 1926-an anjeunna can rimbitan kénéh. Lain teu euweuh wanoja nu daékeun, tapi nya éta kapopohokeun ku organisasi (harita Masyumi).

            Bari masantrén anjeunna sok jualan barang, dikiriditkeun. Enya ogé turunan menak, tapi teu ngamenak ka turunan anjeunna mah. Jualan barangna téh nepi ka Cicurug (Sukabumi kénéh). Nu ditéanganna lain sakur kauntungan matéri wungkul, tapi bari kauntungan rohani bari jadi juru telik organisasi.

            Di Cicurug anjeunna diaku ku hiji tokoh masarakat anu kagungan pasantrén. Tur ahirna éta tokoh téh kapincut ku anjeunna, dugi ka dirérémokeunana ka putrana nu istri. Tariking jodo, anjeunna nikah jeung éta béntang pasantrén.

            Horéng simanahoréng, aya anu sirik jail kaniaya ka anjeunna téh. Sanggeus  istrina dicandak ka Nagrak, teu mangkuk lila aya nu ngirim barang ka istrina. Ceuk nu jadi utusan, éta barang téh hadiah keur aranjeunna, bari teu disebutkeun ti saha-sahana mah.

            Barang peti dibuka, geblegan brukrat pikabayaan jeung sinjang kebat mani ngentep. Aralus naker. Ngan anéhna anjeunna nu muka éta peti garo ganyang salirana. Ateul luar biasa. Béak ateul datang peurih nu pohara, tepi ka sabulu-bulu anjeunna ngaluarkeun getih gegeblegan.

            Atuh tangtu baé istrina téh reuwaseun pisan. Kudu kumaha nya laku ngan bingung nu aya. Dicandak ka mantri teu aya kawarasan, ka dokter nya kitu kénéh. Bapana sanajan teu percaya ka Mama Lurah antukna ngumaha. Nya sanggeus aya kana sapuluh poéna nu gering nandangan panyawat jieunan, ahirna diubaran ku Mama Lurah Sakti.

            Teu pira cenah ngubaranna téh ku daun cau. Poé Jumaah cenah diubaranna téh. Sanggeus dimandian diajian ku Mama Lurah di gigireun imah, tuluy nu gering téh dituruban ku daun cau, nepi ka buni pian. Éta daun cau téh dibanjur ku Mama Lurah ku cai beunang ngajad. Teu lila ti harita, geti ngalembereh ka luareun daun cau tuluy kaserep ku taneuh sakurilingna.

            Geus kitu mah daun cau dibuka ku Mama Lurah, nu gering jagjag deui sabihara-bihari deui. Teu aya geti dina sabulu-buluna. Teu aya tapak rodék tapak ateul dina salirana.

            Nurut kana papatah Mama Lurah, peti barang téh dikirimkeun deui ka nu bogana, bari aranjeunna (nu keuna ku teluh) kudu ngahampura kana tingkah lakuna. Da lain salah cenah manéhna téh, ngan poho wé ka purwadaksina, asa direbut bebenena, duriat mah sok hésé leungitna meureun.

 

 

 

 

 

Informan: Chye Retty Isnendes (39 taun)

0 comments:

Posting Komentar