Sabtu, 19 November 2022

 Pangcalikan

Di ahir baring, isuk jaganing géto, boa ku manéh jeung anak incu maranéh kaalaman, yén aya uga yén di Pangcalikan bakal ramé didatangan ku jalma ti mana-mendi. Ménak-ménak jeung para somah bakal tingalabring ka Pancalikan nénjo jeung bakal lalayaran di Situ Cikawung nu disebut Leuwi Tunjung. Ménak-ménak bakal ngajalajar dina korsi minuhan pasiran Pangcalikan.

Situ anu disebut Leuwi Tunjung ayana lebakeun Pangcalikan. Pangna jadi Leuwi, sabab wahangan Cikawung téh kapendet ku urug hilireun curug Cikawung. Curug Cikawung peupeuntasan ka lembur Cikawung, satukangeun curugna aya liang anu parat ka Palabuhan Ratu. Maranéh ulah wani-wani uli ka curug Cikawung sabab éta curug téh jadi tempat anu angker kiwari mah. Legana situ anu jadi Leuwi Tunjung téh sapanjang legok Pangcalikan. Nu matak mahi jang lalayaran.

Ku naon pangna disebut Wahangan Cikawung? Sabab harita dina sirah cai aya kawung awisan. Anu sakapeung katempo sakapeung henteu (awis katingalna). Béh dieukeun aya sesepuh di Désa anu dipercaya yén manéhna kungsi ngawénéhankeun kawung awisan di sirah Cikawung, tangkalna gedé jangkung, gomplok dahana ngarampidak munian sirah Cikawung. Lamun saré tiluan dina dopangna mahi moal ragrag (dopang téh puhu dahan).

Ceuk sepuh, éta kawung awisan téh mun disadap gulana sok dibawa ajangkeuneun ka Palabuhan Ratu. Unggal tas nyitak gula, sabangsaning parabot pikeun nyitak sapert katél, cocolék caman, citakanna bakal dikumbah di Leuwi Tunjung. Tah jadi Si Leuwi téh salian ti dipaké pikeun lalayaran, ogé dipaké pikeun ngrimkeun gula ka Palabuhan Ratu.

Wahangan Cikawung, sanggeus ayana Leuwi Tunjung moal ngocor ka hilir saperti ayeuna, ngocorna atawa pamiceunana bakal ngocor ka Cijabon. Nu ayeuna Wahangan Cijabon aya di kuloneun lembur Cikawung. Ti Leuwi Tunjung ngocor ka Cijabon, langsung ti Cijabon ngocor ka Palabuhan Ratu.

Raména pisan mah engké dimana geus aya parahu sakadomas, nu tarumpakna putri-putri anu gareulis. Parahu sakadomas téh maksudna parahu anu warnana kawas emas, bisa jadi dijieun tina emas. Layarna parahu domas téh sutera dewangga nu hibar cahayaan sing burilak. Putri-putri téh sok ngadu pageulis-geulis di Gunung Geulis. Ti Gunung Geulis aya cai anu ngocor, ayeuna disebut wahangan Cigunung Geulis. Sing saha mojang anu hayang geulis pék getol marandi di éta wahangan. Ari ti beulah Pangcalikan mah wahangan Cigunung Geulis ayana belah wétan.

Parahu sakadomas anu dipaké lalayaran ku putri-putri ti Wahangan Cikawun bakal neruskeun ka Cijabon, diiring ku aleutan parahu-parahu layar anu milu langsung ka Palabuhan Ratu. Waktu éta kabéh jalma kumpul ditempat anu disebut Pasar di Palabuhan. Pasar Palabuhan téh nya éta pasar di tengah laut Palabuhan.  Ramé luar biasa, sakabéh kesenian aya di dinya keur magelaran. Lian ti kesenian anu réa pisan, barang dangangan di dinya téh aralus kajaba marurah. Kabéh jalma pada harayang ka pasar éta téh. Anéhna, anu balanja saséneun angkaribung nanggung, nu balanja saperakeun mawana téh meunang dijingjing.

Pasar di Palabuhan anu pasarna di tengah laut nu raména soara kasenian nu disindénan dina lagu Sunda, diartisan nu gareulis. Sakabéh jalma racung ceulina, pangdéngéna diarahkeun ka dinya. Ti daratan aya jambatan lempeng ka arah Papaksar di tengah laut. Loba jelema ngaleugedeut kana jambatan muru pasar. Aya jalma anu ragrag tikecebur, aya ogé anu salamet tepi ka pasar.

Na ku naon atuh aya nu bisa tepi jeung teu tepi? Lain ku sabab heurin jambatanna, lain kusabab pasesedek deuih, tapi ragrag sotéh pédah di tengah jambatan aya dua pedang pasilang­-silang. Pedang éta téh terus subat-sabet ka luhur jeung ka handap teu eureun-eureun. Jalma nu kasabet ngagubrag ka laut lapur teu bisa nempo karaméan Pasar di Palabuhan. Ari anu milik bisa liwat tina pedang éta bakal bisa nempo karaméan Pasar Palabuhan téa, anu aya putri gareulis, ogé bisa balanja satanggungan ku duit nu ukur sasén.

                                                                     

 

 

 

 

 

 

 

 

 

  Informan: Bapa Oom Sudarma (75 taun)

0 comments:

Posting Komentar