Sasakala Kancah Nangkub
Harita keur
ramé-raména masa perjuangan. Pejuang sok badami atawa musawarah beulah lembur
Wangun. Rupa-rupa badamina téh, bisa ngeunaan strategi, kakuatan peleton, jeung
réa-réa deui.
Hiji mangsa
deukeut Lapang Sinagar (taun 70-an diganti ngaranna jadi Lapang Cipta Karya)
aya pamuda nyunyuhun kancah (katél gedé). Si pamuda anu nyunyuhun kancah téh
katempoeun ku pajuang anu keur jaga atawa patroli (pan jagana rada jauh ti
patempatan badami bisi aya patroli Walanda atawa séjénna jadi ngabéjaananana
bisa béh dieu).
Si pamuda anu
nyuhun kancah tuluy ditanya ku nu patroli téa.
“Arék ka mana,
Jang? Maké nyunyuhun kancah sagala?”
“Puguh ieu
kancah téh badé diical,” témbal si pamuda.
“Na keur naon
maké dijual sagala?” nu patroli nanya deui.
“Pan abdi
sakedap deui réngsé sakola” tembal si pamuda deui.
“Eéh sakola
naon, jang?” nu patroli beuki panasaran. Tuluy si pamuda ngajawab deui.
“Sakola polisi,
sakola CP (Civil Polisi, sakola tentara jaman Walanda).”
“Dieu atuh manéh
ngilu ka dieu, teundeun wé kancah mah tangkubkeun tah di dinya di sisi jalan”.
Anu patroli
ngajak ka pamuda. Si pamuda tuluy dibawa ka tempat pajuang baradami. Ti harita,
si pamuda téh teu balik deui, Wallahu’alam dikumahakeun ku para pajuang harita,
meureun dianggapna rék ngahianat kana perjuangan TRI.
Tah tempat
palebah kancah anu nangkub ahirna mah dingaranan “Kancah Nangkub”. Kiwari
kancahna mah teuing ka mana tapi tempatna mah angger wé ngaranna Kancah
Nangkub.
Informan:
Bapa Rd. Édi Supardi (67 taun)
Habli Rohmat
Hadid. 2012. Inventarisasi Dongeng di Kacamatan Nagrak Kabupaten Sukabumi pikeun
Bahan Ajar Ngaregepkeun di SMP.
0 comments:
Posting Komentar