Sabtu, 19 November 2022

 




SISINDIRAN

Sisindiran mangrupa salasahiji karya sastra hasil kabudayaan di masarakat Sunda. Kaayeunakeun sisindiran téh réana kapanggih dina pintonan seni. Upamana baé, dina kasenian calung, réog, wayang, jrrd. Saenyana mah lain baé sakadar hiburan, tapi pintonan seni sisindiran dipidangkeun ku para seniman téh ngandung ajén linuhung. Sisindiran nu aya di Sanggar Seni Gapura Emas ieu kabagi kana tilu tempat, nyaéta di sabudeureun sakola, di sabudeureun hajat nikahkeun, jeung di sabudeureun hajat nyepitan sarta aya opat sawangan hirup urang Sunda, nyaéta manusa ka dirina pribadi, manusa ka papada manusa, manusa ka Pangéran jeung manusa dina ngahontal kasugemaan lahir, tur kapaluruh aya 12 ajén étnopédagogik, nyaéta ajén: kajujuran, atikan dina kahirupan, tanggungjawab, kawajiban, sikep jeung sipat dina kahirupan, kaagamaan, silih tulung, silih ajénan, silih miéling, kaséhatan, kahirupan pangantén, sikep teu éléhan/keyeng, kasatiaan, kahirupan sunatan/nyepitan.

a.     Sisindiran dumasar Tempat

1.     Sisindiran di sabudeureun Sakola

1)    Pameunteun patingkaretip,

nganggo wedak nola-bola,

Komiteu anu kréatip,

ngarojong program sakola.

 

2)    Runtah nu dijieun kompos,

di sawah keur bérak paré,

Rumasa aya duit BOS,

ka sakola haré-haré.

 

 

3)    Mésér tomat sareng Yanto,

uihna téh mésér suling,

Omat ulah osok nyonto,

éta téh gawé curaling.

 

4)    Hayang ulin ka Néng Tika,

tapina duit teu nyésa,

Hayang diajar fisika,

tapina teu bisa-bisa.

 

5)    Pa Ulama keur ngawirid,

nyangkingélmu ngarah sakti.

Pancén utama keur murid,

nyuprih élmuning pangarti.

 

6)    Lamun panggih jeung Ma Suha,

galakna kabina-bina,

Lamun urang berusaha,

bakal alus ké hasilna.

 

7)    Geura samat itu tamu,

suguhan cai jajamu,

Guru muara panemu,

guru bibit buit élmu.

 

8)    Keur diskon sapuluh persén,

meulina téh di Cibubur,

Lamun hayang jadi dosén,

kudu sakola sing luhur.

 

9)    Sampingna nu warna konéng,

sabodo dipangnyeumpalkeun,

Paingan peunteun na goréng,

si Bodo tara ngapalkeun.

10) Aya manuk dina pager,

kudu inget sasakala,

Lamun urang hayang pinter,

kudu daék ka sakola.

 

11) Salila ngilu ka dinya,

téangan noda padati,

Salila hirup di dunya,

téangan élmu pangarti.

 

12) Aya baju aya rompi,

aya capung aya laron,

Diajar téh kudu ngarti,

ulah heureuy loba niron.

 

13) Ka Jakarta meuli pop és,

sakalian meuli burger,

Lamun arék jadi suksés,

kudu diajar sing bener.

 

14) Ka Sawarna mawa ager,

méngkol-méngkol ka kidul,

Lamun urang hayang pinter,

diajar ulah kedul.

 

15) Mun nuju aya di Bogor,

entong hilap mesér catur,

Mun diajar ulah bangor,

bisi katinggaleun batur.

 

16) Lamun diukna di juru,

kudu aya wé kursina,

Lamun hayang jadi guru,

kudu daék diajarna.

17) Cangkudu dibéré tétéh,

didahar sabari calik,

Kudu bageur ka batur téh,

ambéh dibageuran balik.

 

18) Jalan ka Situ Nagara,

nyampeur heula ka si Lala,

Mun hayang jadi tentara,

kudu daék ripuh heula.

 

19) Lebaran ngadahar kupat,

kupatna dibeulah opat,

Mun urang hayang salamet,

buru-buru geura tobat.

 

20) Kuring ngilu ékskul lisés,

jelemana balalageur,

Lamun hayang jadi suksés,

kudu pinter jaba bageur.

 

21) Lamun urang ngala jaat,

jadi urang kudu nyaté,

Lamun urang daék solat,

jadi tenang kana haté.

 

22) Sim kuring néang paraji,

tapi jauh ti imahna,

Mun hirup tong loba jangji,

bisi hésé migawéna.

 

23) Jalan-jalan jeung Bi Titi,

meuli daging ka Mang Dudung,

Percuma jalma pangarti,

lamun sipatna adigung.

24) Mun ngaleupeut make pijer,

tong poho ogé daunna,

Lamun hirup hayang pinter,

kudu getol diajarna.

 

25) Papanggih jeung anu lolong,

sabari mamawa nangka,

Omat ulah sok ngabohong,

bisi asup ka Naraka.

 

26) Sing getol nginum jajamu,

nu guna nguatkeun awak,

Sing getol néangan élmu,

nu guna dunya ahérat.

 

27) Mun arék néang Bu Nisa,

masing apal di manana,

Mun hirup asa nalangsa,

masing loba ihtiarna.

 

28) Lamun arék ka talaga,

kudu ijin ka Mang Nana,

Lamun hayang asup surga,

kudu getol ibadahna.

 

29) Naék karéta nepi ka Bogor,

di Bogor sok maén catur,

Mun diajar ulah bangor,

bisi katinggaleun batur.

 

30) Ucing dina lawang  panto,

eukeur diuk bari cicing,

Omat ulah osok nyonto,

éta téh gawé curaling.

31) Leuleumpangan ka Ciawi,

henteu poho mawa cai,

Lamun hayang jadi haji,

Nyata kudu bisa ngaji.

 

32) Manuk gagak manuk haur,

manuk japati dina pager,

Jadi budak kudu bageur,

ambéh jadi anak pinter.

 

33) Daék téh ka Cikadaka,

Cikadaka di Madura,

Jadi budak tong doraka,

méh bisa asup ka surga.

 

34) Saban maké dua kina,

bau kawat tusuk saté,

Lamun aya nu ngahina,

sing kuat jeung gedé haté.

 

35) Bulak-balik mapay sawah,

cai di sawah keur saat,

Mun hayang jadi ustadzah,

tong poho ngaji jeung solat.

 

36) Aya lalaki ngaranna Aji,

balik sakola manggih surat,

Hayu urang ngararaji,

méh tenang dunya ahérat.

 

37) Bulak-balik jug nyorangan,

kalah nyuksruk ka wahangan,

Budak leutik bobogohan,

tara mikiran diajar.

38) Ti batan mawa pedang,

mending gé mawa ragaji,

Ti batan ulin begadang,

mending gé diajar ngaji.

 

39) Awas aya jalma kikir,

bisi urang katépaan,

Urang kudu bisa mikir,

ambéh henteu kabodoan.

 

40) Ulah ngala cocongoan,

bisi rusak tangkal manggu,

Ulah waka bobogohan,

bisi sakola kaganggu.

 

41) Hayu urang ngangeun acar,

tur anteurkeun ka Mang Emu,

Hayu geura dialajar,

méh pinter jeung meunang élmu.

 

42) Ulah loba dahar peuteuy,

ngala awina sabuku,

Barudak ulah hareureuy,

sok geura baruka buku.

 

43) Urang ngaca dina kaca,

urang mancing meunang beunteur,

Urang kudu getol maca,

ambéh urang gancang pinter.

 

44) Hayu urang meuli tiung,

sakalian mikeun surat,

Sing bisa nurut ka indung,

bagja dunya jeung ahérat.

45) Nu lumpuh reujeung nu lolong,

mun daék garotong royong,

Nu lumpuh sadrah digandong,

nu lolong moal ti tajong.

 

46) Aya budak maén bola,

maénna di lapang bata,

Mun hayang asup ka surga,

sing nurut ka indung bapa.

 

47) Ka mana jalan ka Jogja,

ka ditu ka palih wétan,

Ka mana jalan ka surga,

ka ditu ka pangaosan.

 

48) Aya manuk warna bodas,

cicingna di imah Abdul,

Lamun hayang naék kelas,

diajarna ulah kedul.

 

49) Pas rebo lumpat sorangan,

keur lumpat baju tikait,

Miceun sampah tong sambarang,

sok jadi sarang panyakit.

 

50) Damar kurang damar gantung,

damar wayang pamidangan,

Hayu urang nararabung,

lain ukur kasenangan.

 

51) Aya budak jajan taro,

pas di jalan manggih surat,

Jadi budak kudu ngawaro,

salamet dunya ahérat.

52) Aya budak ngaran Rahmat,

manéhna keur meuleum saté,

Hayu urang geura solat,

ambéh tenang kana haté.

 

53) Aya budak ngaran Arga,

ngaran adina mah Rega,

Hayu urang olahraga,

ambéh séhat jiwa raga.

 

54) Sampingan atuh sampingan ,

nu ngajuru mani samutut,

Paingan atuh paingan,

ka juru rék ngadon hitut.

 

55) Di buruan loba hileud,

dicoo ku budak leutik,

Abdi boga awak buleud,

hésé diét hésé leutik.

 

56) Cau naon-cau naon,

cau lumut ti cirata,

Bau naon-bau naon,

bau sungut nu nyarita.

 

57) Niat bade maén catur,

pas balik jadi poho,

Jadi jalma tong nyebutan batur,

da karma mah moal poho.

 

58) Langlayangan soéh totos,

dikaput kutungtung paré,

Kahayangna disebut bos,

baju soéh dipapaké.

59) Ka sawah ngalaan tutut,

kadé aya nu nuturkeun,

Lamun urang sok camerut,

kadé raheut haté batur.

 

60) Méméh ngagelarkeun kasur,

tilik heula ambéh rinéh,

Méméh nyaritakeun batur,

tilik heula awak manéh.

 

61) Hayang baju lima warna,

tapi embung kudu meuli,

Hayang siga panggagahna,

tapi hésé kana mandi.

 

62) Ka Ciaul meuli waluh,

diwadahan teu ka ukur,

Ari pék aya nu wawuh,

kalahkah dadah ka batur.

63) Ngala cai ka Ciater,

tisolédat nyeri karasa,

Ngimpi hayang jadi dokter,

ngitung baé henteu bisa.

 

64) Hayang mancing di Jangari,

hanjakal jeujeurna péndék,

Hayang jadi pramugari,

hanjakal awakna péndék.

 

65) Di warung nyaneut bibika,

bibika ngeunah rasa burger,

Pa Ibnu guru Fisika,

keur kasép téh jaba bageur.

 

66) Meuli baju meni ipis,

hanjakal bahanna sésa,

Ngomong inggris meni tapis,

hanjakal Sunda teu bisa.

 

67) Aya jelema keur nongkrong,

nongkrongna di Palabuan,

Jelema maké kongkorong,

kongkorong sapuluh rébu.

 

68) Melak salédri jeung kangkung,

tangkalna dua ngahiji,

Loba istri ditariung,

hanjakal teu bisa ngaji.

 

69) Ngala tutut di Talaga,

alatna pacul ayakan,

Kitu patut hayang surga,

solatna elat-elatan.

 

70) Lamun manéh dahar sayur,

genahna mah ejeung kupat,

Kahayang jadi insinyur,

Fisikana peunteun opat.

 

71) Kiripik kacida garing,

paria kacida pait,

Lamun seug panggih jeung gering,

geura jugjug Rumah Sakit.

 

72) Meuli huut jeung kadongdong,

balikna manggih tikukur,

Éta buuk meuni gondrong,

jug geura indit dicukur.

73) Awi wulung awi wulung,

awi wulung ti Ciawi,

Seni Calung Seni Calung,

ti SMP PGRI.

 

74) Melak pedes sisi dapur,

diala ditarajéan,

Nu judes teu boga batur,

lila-lila ngahadéan.

 

75) Kapinis diadu layung,

macokan kembang kalapa,

Nu geulis teu maké tiung,

diasupkeun ka naraka.

 

76) Majar manéh cengkéh konéng

kulit peuteuy dina nyiru

Majar manéh lengké konéng,

kulit beuteung meni nambru.

 

2.     Sisindiran di sabudeureun Hajat Nikahkeun

1)    Lamun arék ka Mang Jaja,

kudu dipuguhkeun maksudna,

Lamun hayang hirup bagja,

kudu getol ti ayeuna.

 

2)    Rék ka pasar jeung si Ria,

pas nepi meuli samangka,

Ulah osok hirup ria,

bisi asup ka naraka.

 

 

 

 

3)    Di mana nya melak paré,

melak sampeu mah di tegal,

Nu migawé lampah hadé,

ibarat nu boga modal.

 

4)    Ka cai jadi saleuwi,

ka darat jadi salebak,

Ka cai kudu daék mandi,

ka darat kudu daék solat.

 

5)    Nyeduh ubar ku cipati,

diwadahan piring gelas,

Anu sabar éta pasti,

ku Allah dipikawelas.

 

6)    Pasantrén keur anu iman,

geus solat ngaraji quran,

Pangantén gegerenyeman,

geus hayang peuting munggaran.

 

7)    Hayu batur urang mandi,

mandina ka Ujung Genténg,

Lamun tepang eujeung Hani,

salam ti abdi nu ganteng.

 

8)    Nu jahat meuleum petasan,

dibeuleum sisi pasaran,

Lamun hajat geus lekasan,

pangantén silih udaran.

 

9)    Abdi hoyong nempo tipi,

hanjakal listrikna soak,

Abdi bogoh ka Néng Silvi,

hanjakal bapana galak.

10) Kanitrén rujak cukaan,

keur meulina naék sado,

Panganten uplek duaan,

keur ngilikan eusi kado.

 

11) Dina buleng aya keting,

kuciat handapeun karang,

Hulang huleng beurang peuting,

tibelat ka nu saurang.        

 

 

12) Manuk ciung ti Ciranjang,

manuk cacing warna beureum,

Dicium ku istri lenjang,

sapeuting teu daék peureum.

 

13) Mun teu tulus ka paseukna,

ka pasir ogé hadé,

Mun teu tulus ka lanceukna,

ka adina ogé hadé.

 

14) Ngala tutut meunang batur,

kulah na rék disaatan

Sing runtut jeung nu sakasur,

ulah rék papaséaan.

 

15) Daun kina daun saga,

daun karét dina lumur,

Ti ayeuna sing dijaga,

sugan pada awét umur.

 

 

 

 

16) Kamari rék ka si Panji,

kalah panggih jeung bapana,

Lamun urang boga jangji,

tong ingkar kana jangjina.              

 

17) Nu eureun mamawa taeun,

haréjo jambu médéna,

Kitu meureun kieu meureun,

lalajo jeung bébéndéna.

 

18) Abdi boga bedog linggis,

keur maéhan anu badeur,

Abdi bogoh ka néng geulis,

keur geulis jaba bageur.

 

19) Undur-undur dina batu,

congcorang disidurukeun,

Batan mundur kalah maju,

kapalang ditimurukeun.

 

20) Combro cumi dina piring,

cai saos maké santen,

Kunaon lami henteu sumping,

abdi ngantos unggal dinten.

 

21) Kembang cula kembang tanjung,

kembang sagala domdoman,

Rék sabulan rék sataun,

moal wéléh diantosan.

 

22) Boboko ayakan leutik,

melak cabé diawurkeun,

Bobogohan ti leuleutik,

geus gedé di ka baturkeun.

23) Meunang supa suung tujuh,

diwadahan dina bakul,

Lamun resep masing puguh,

ulah sok ukur ngawadul.

 

24) Kaduhung ayun-ayunan,

meuyeum ganas dina eurih,

Kaduhung abdi rayungan,

dipapanas dipeupeurih.

 

25) Seungit kembang sumarsana,

bawa angina ngadalingding,

Nu laip kieu rasana,

nandang nyeri tanpa tanding.

 

26) Tangkal manjah sisi lamping,

tangkal putat kaibunan,

Haté bungah tanpa tanding,

nampi serat kikintunan.

 

27) Ka Cikelét ka Cimari,

jalanna ka Mancagahar,

Ka pélét ku nu kamari,

sapoé teu daék dahar.

 

28) Sok hayang kapetis moris,

teu bisa masianana,

Sok hayang ka mojang geulis,

teu bisa ngasihanana.

 

29) Kahiang nu meunang nuar,

Salasa heuleut-heuleutan,

Kahayang meunang nu beunghar,

puguh mah jalma kuuleun.

30) Daun hiris héjo lumut,

ditéma ku cangkang tutut,

Nu geulis ulah sok imut,

Akang mah sok hayang hitut.

 

31) Ari bogoh ka Mang Nanang,

manéhna boga simpenan,

Ari hayang hirup senang,

manéhna kudu netepan.

 

32) Nyeri bitis jeung suku na,

nu legok cecekolan na,

Sugan téh artis timana,

nu gélo teu dicalana.

 

33) Pucuk tiwu akar bangban,

amis mata disusukan,

Mun rék milu geura dangdan,

cimata geura susutan.

 

34) Rarasaan keur ngageulis,

padahal mah teu tiasa,

Rarasaan jadi artis,

beungeut lestreng teu karasa.        

 

35) Caang bulan opat welas,

ka cai ditiung anduk,

Aya mojang matak waas,

arloji gé meunang nganjuk.

 

36) Kembang eros sisi jalan,

dipetik ku anak Cina,

Abdi naros teu ditémbal,

érana kabina-bina.         

37) Cau ambon dikalongan,

malati ka pipir-pipir,

Awéwé ambon sorangan,

lalaki teu mikir-mikir.

 

38) Aya budak mawa casan,

ngan hanjakal teu dibeuli,

Aya budak geulis pisan,

ngan hanjakal tara mandi.

 

39) Salawé dua puluh lima,

saté kodok dicolokan,

Awéwé jaman ayeuna,

anderok papondok-pondok.

 

40) Najan peuteuy dina nyiru,

sakoteng dibawa muter,

Najat kulit beuteung nambru,

da ganteng katambah pinter.

 

41) Lain balad lain banding,

pucuk kulumpung Cihérang,

Geura mulang bapa nyai,

mawa kongkorong jeung gelang.

 

42) Lamun tutut ti Cirangkong,

tuluy ditunda di kobong,

Kajeun lumpat siga bangkong,

nu penting beuteung teu kosong.

 

43) Aya jalmi dahar kangkung,

hanjakal kangkungna bunting,

Aya jalmi meni jangkung,

hanjakal tara ditiung.

44) Kaso pondok matak nyogok,

kaso panjang matak nyugak,

Anu pondok jadi orok,

anu panjang jadi budak.

 

45) Kapinis diadu layung,

macokan kembang Kalapa,

Nu geulis ngajingjing payung,

mapagkeun anu balanja.

 

3.     Sisindiran di sabudeureun Hajat Nyepitan

1)    Nu haseum buah pisitan,

teu nyaho rasa amisna,

Nu kasép keur disepitan,

nyumponan sunna Rosulna.

 

2)    Buah léngkéng jeung pisitan,

diaala dina tangkalna,

Mun geus réngsé disepitan,

katingal budak soléhna.

 

3)    Metik entéh pangsisina,

ceuk batur rasana ngeunah,

Nyeri sotéh nya ayeuna,

ka dituna bakal genah.

 

4)    Halimun di Karapitan,

hawana mani nyelecep,

Lamun daék disepitan,

bakal réa anu nyecep.

 

 

 

 

5)    Anu jahat dicaketan,

anu burung dioméan,

Aya nu hajat nyepitan,

nanggap calung raraméan.

 

6)    Maén bola di lapangan,

lapanganna anu leutik,

Ulah sok sosoranganan,

bisi aya anu nyulik.

 

b.     Sawangan Hirup Urang Sunda

Budaya Sunda mangrupa salasahiji budaya anu kacida nanjeurkeun adat kasopanan. Umumna karakter masarakat Sunda mah soméah sarta mikahormat ka nu jadi kolot. Urang Sunda-na sorangan nyaéta anu ngaku dirina tur diaku ku masarakat lianna salaku urang Sunda. Salaku kelompok masarakat budaya, geus sakuduna masarakat Sunda miboga sawangan hirup sangkan bisa hirup mandiri di tengah masarakat jeung budaya séjénna. Sawangan hirup nu aya bisa rubah saluyu jeung kaayaan. Ku kituna, sawangan hirup urang Sunda miboga hal anu stabil tur dinamis. Kabudayaan ngawengku sakabéh hal nu dipimilik ku masarakat.

Sawangan hirup urang Sunda dikatégorikeun kana lima katégori nurutkeun Kluckhohn anu satuluyna dimekarkeun ku Warnaen jadi genep katégori sawangan hirup urang Sunda, nyaéta: manusa ka dirina pribadi, manusa ka papada manusa, manusa ka alam sabudeureun, manusa ka Pangéran, manusa dina ngahontal kasugemaan lahir, jeung manusa dina ngahontal kasugemaan batin. Tina sisindiran nu kapaluruh ti ieu Sanggar Seni, kapanggih aya opat katégori sawangan hirup, nyaéta (1) manusa ka dirina pribadi; mangrupa sikep manusa nu hubunganna jeung diri salaku individu, nu katitén tina kualitas sumber daya manusa., (2) manusa ka papada manusa; mangrupa sikep manusa nu hubunganna jeung manusa séjén dina kahirupan masarakat, bangsa jeung nagara. Ieu hal ditandaan ku kasadaran yén masarakat téh multi-réligi, multi-étnis, jeung multikultur. Aya dina tilu tingkatan lingkungan, nyaéta lingkungan kulawarga, lingkungan masarakat, jeung lingkungan kakawasaan nagara. Sauyunan, rukun, tingtrim dina sawangan hirup urang Sunda anu utama dina kabutuhan pikeun hirup babarengan di masarakat., (3) manusa ka Pangéran; ngagambarkeun sikep jeung lakulampah manusa nu patuh dina ngajalankeun ibadah tur toléran ka agama séjén tur hirup rukun. Kayakinan masarakat Sunda ngeunaan ayana Gusti Allah saéstuna ngalaman prosés parobahan saluyu jeung agama anu dianut dina lumangsungna sajarah., jeung (4) manusa dina ngahontal kasugemaan lahir; Dina ngahontal kasugemaan lahir, aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun, nyaéta ngeunaan awak, kulawarga, harta, kadudukan jeung lingkungan. Kasajahteraan hirup salasahijina nyaéta awak nu séhat nu bisa ngalakukeun kagiatan-kagiatan sangkan bisa ngahontal tungtutan kahirupan. Ku awak nu séhat ogé urang bisa ngusahakeun sangkan kahontal pangharepan ‘hirup heubeul.

 

c.     Ajén Étnopédagogik

Étnopédagogik nyawang pangaweruh jeung kaaripan lokal salaku sumber inovasi jeung kamahér nu bisa dimekarkeun pikeun karaharjaan jalma réa. Kaaripan lokal mangrupa kumpulan pakta, konsép, kapercayaan, jeung persépsi masarakat kana dunya sabudeureun. Ieu hal ngawengku cara nalungtik jeung ngukur alam sabudeureun, ngaréngsékeun pasualan, jeung ngalengkepan informasi. Singgetna, kaaripan lokal mangrupa hiji prosés hubungan jeung pangaweruh nu dihasilkeun, disimpen, dilarapkeun, diolah, tur diwariskeun. Atikan jeung élmu ngatik teu bisa leupas malah kudu diwangun ku falsafah kahirupan bangsa jeung sélér bangsa ku masarakat. Leuwih jero, étnopédagogik bisa dihartikeun, élmu atikan dumasar kana budaya jeung adat istiadat masarakat nu kudu dimumulé, sangkan maju jeung mekar, sarta ngawujud dina kahirupan nu unggul tur bisa hirup babarengan jeung masarakat séjén di dunya. Étnopédagogik mangrupa prakték atikan nu basisna kaaripan lokal. Kaaripan lokal nyampak dina rupa-rupa karya sastra, salasahijina sisindiran. Étnopédagogik kabuktian ampuh pikeun nadah serangan globalisasi kana kabudayaan.

Sanggeus kapaluruh ngeunaan sawangan hirup urang Sunda, aya 12 ajén étnopédagogik nu kapaluruh tina 127 sisindiran, nyaéta: 1) Ajén ngeunaan kajujuran, 2) Ajén atikan dina kahirupan, 3) Ajén ngeunaan tanggungjawab, 4) Ajén ngeunaan kawajiban, 5) Ajén ngeunaan sikep jeung sipat dina kahirupan, 6) Ajén ngeunaan kaagamaan, 7) Ajén ngeunaan silih tulung, silih ajénan, silih miéling dina kahirupan, 8) Ajén ngeunaan kaséhatan, 9) Ajén ngeunaan kahirupan pangantén, 10) Ajén ngeunaan sikep teu éléhan/keyeng dina kahirupan, 11) Ajén ngeunaan kasatiaan, jeung 12) Ajén ngeunaan kahirupan nu disepitan.

0 comments:

Posting Komentar